Sunday, December 17, 2006

Leuwi Orok

Mangle No. 2085
hal. 18-19
Kaping terbit:
21-27 September 2006

Carpon:
Kang Ya

===============

“Bu…Bapa rek indit heula, Kang Atot, Mang Endi, jeung si Oo geus ngadaragoan di sisi jalan karunya” bari regeyeng kecrik di solendangkeun na taktak, korang jeung bedog mah tatadi ge geus disoren sabada rengse sholat isa, kitu deui lampu senter geus dikongkoyangkeun na beuheung. Pamajikan anger teu nolih, anger mencrong kana tipi, teuing bener keur anteng lalajo, teuing jamedud pedah peuting ieu rek ditinggalkeun ngecrik atawa lintar tea. Kana ngecrik teh teuing ku beuki, kana lintar teuing ku suka, hobi ti keur bujangan keneh, make boga grup ngecrik sagala, resep tuda ngecrik-ngaheurap teh, sanajan enya be boga balong, tapi keukeuh bae lintar apruk-aprukan ka walungan mah geus ngabaju, komo na wanci katiga, wanci cai walungan orot mah, lintar teh matak pogot naker. Pamajikan jeung dulur-dulur mah sakapeung sok nyarebut sero cenah ka kuring teh, kajen ah da karesep cekeng teh. Enya sakapeung pamajikan sok ambek-ambekan lamun kuring balik lintar isuk-isuk, ambek soteh ketah mun teu beubeunangan. Tapi ari beubeunangan loba mah, korang pinuh, komo mun bari ngagembol pucuk putat jeung pucuk kihapit kabeukina mah tara teuing ambek, cikruh bae nu aya, sok terus mais lauk jeung nyambel nu ledok, atuh kuring bisa dahar nikmat.

“Bu….Bapa mios nya, do’akeun sing beubeunangan, assalamu alaikum” sakali deui kuring amitan, bari gejlig indit, kareret pamajikan ukur ngalieuk sakeudeung, tapi teu burung ari ngajawab mah.

“Waalaikum salam, Pa…kade sing atos-atos…jeung ulah dugi ka enjing atuh, mulih teh, subuh bae atuh meh tiasa sholat subuh di masigit” walonna.

Nepi ka sisi jalan gede kasampak Kang Atot, Mang Endi, jeung si Oo keur ngadaragoan bari arudud. Grup ngecrik teh diaranan “Ngecrik Sawargi, Lintar Sabaraya”, teu rek dingaranan kitu kumaha da kabeh anggotana dulur, geus puguh si Oo mah dihenteu-henteu teh panan salakina adi kuring, enya salakina si Yuyu adi kuring nu nomer opat, nu pangais bungsu. Kang Atot geus puguh deuih, panan anakna Ua, sasatna dulur sabrayna. Atuh Mang Endi, nyebut emang teh lain emang-emangan tapi sabenerna, panan Aki Suardi almarhum teh bapana Mang Endi, tah aki Suardi teh raina aki kuring, aki Suarma almarhum oge.

“Naha lila teuing De?” Mang Endi nanya.

“Nyeta biasa Mang, indungna si Asep rada kuraweud sigana mah” walon kuring.

“Kang roko bawa si Bungsu aya keneh, ieu rokok abdi mah ampir seep” ceuk si Oo.

“Aya O, ngan teu dibawa, teu ngeunah ah roko Korea mah, hampang teuing, teu karasa banget bakona, jaba teu dicengkehan deuih” walon kuring.

“Nyeta Kang, abdi mah resep…jaba hade filterna, sae moal ngaruksak paru-paru” pok deui si Oo nyarita.

“Ah..roko mah roko bae, kabeh ge ngaruksak O…” cekeng teh.

“Hayu ah…ngobrolna wang bari leupang bae, bisi kapeutingan, De, Mang Endi, Oo” ceuk Kang Atot bari jung indit.

Bring opatan arindit, bulan mabra caang bubuhan maleman tanggal opat welas, hade pikeun ngabungbang, pikeun mandi di tujuh tampian jeung di tujuh muhara. Baheula ketah loba wanoja jeung nonoman nu sok ngabungbang teh, ayeunamah nyao, boa barudak nonoman ayeuna mah, boa nyarahoeun, boa heunteu naon ari ngabungbang.

“Kumaha ruteu urang peuting ieu Mang Endi?” Kang Atot nanya.

“Ah Emang mah ngiluan bae, teu langkung pamingpin, kamana De?” Mang Endi nanya ka kuring.

“Urang ka Cipeles bae, urang turun ti lebah peupeuntasan ka Parugpug, lebakeun makam Buyut Samoja, wang terus ka girangkeun, engke hanjat-hanjat lebah Leuwi Orok, enya lebah muhara Cicapar, meh abdi balikna sakalian rek nempo sawah si Bungsu bisi garingeun maklum usum halodo, kumaha sapuk lur………?” ceuk kuring.

“Sapuklah De, hade ruteuna…sakalian Akang engke isuk rek nyimpang ka si Cucu di Cipadung aya badamikeuneun” walon Kang Atot. Leumpang bareng malibir jalan sisi esde inpres, baheula mah esde Pakemitan eta teh, terus maju muru jalan nu brasna ka ka lembur Samoja, ngaliwatan Cibiuk. Sora caricangkas mani ngelak ngawawaas, sora jangkrik ngikrik ngalengis, sora kutuk bueuk anger nyingsieunan, rametuk sakapeung ngagimbung hareupeun beunget, hawar-hawar sora anjing babaung ti jauhna, sigana datang ti lebah lembur-lembur peuntaseun Cipeles.

“Ke Kang De, naha bade hanjat di Leuwi Orok nya? Moal aya nanaon kitu? Panan didinya mah seueur kabejakeunnana Kang?” ceuk si Oo.

“Di denge teuing maneh mah O, bisi teu nyaho ieuh, Leuwi Orok teh pangulinan lauk, lemburna lauk walungan dalah lauk balong nu kabawa caah ge sok baretah lebah dinya mah bubuhan leuwina rada lega tur linduh deuih. Eta mah omong batur O sangkan urang teu kadinya, nu puguh mah loba laukna” walon kuring.

“Naha nya make disebut Leuwi Orok, aya sasakalana kitu?” ceuk si Oo, nanya deui.

“Nu kadenge ku Akang mah kieu cenah. Baheula aya awewe urang Citepok reuneuh, tapi biasa reuneuh jadah tea. Kusabab era boga anak euweuh bapaan, nya orok teh dipiceun ka leuwi eta nepi kapaehna, nu matak diaranan Leuwi Orok” ceuk Kang Atot.

“Enya…Emang ge ngadenge, malah cenah ceuk nu kawenehan mah sok aya sora orok ngear ceurik nu datangna ti lebah Leuwi Orok” Mang Endi mairan.

“Alhamdullilah kuring mah Mang, saumur apruk-aprukan lintar, boh beurang boh peuting di Leuwi Orok tacan kungsi manggih nu aneh-aneh, nu puguh mah loba laukna, resep kuring mah teuteuleuman, kokodok, ngagogo di leuwi eta mah” walon kuring.

Teu karasa leumpang bari ngobrol, kuring opatan geus anjog ka landeuheun makam Buyut Samoja, peupeuntasan nu ka Parugpug keun. Bulan beuki mabra, matak ngahudang birahi nu keur bobogohan. Memeh turun ka sisi walungan, kuring opatan tatan-tatan, sarung dibakutetkeun kana cangkeng, kabeh ge taya nu make calana panjang, kabeh make calana pokek, jaba seragam deuih, enya seragam “Ngecrik Sawargi, Lintar Sabaraya” tea.

“Ke Kang, itu ningan aya awewe ngajanteng sisi peupeuntasan, jaba siga nu bari ngais orok” ceuk si Oo bari nunjuk.

“Eh enya De” ceuk Kang Atot.

“Mana?” ceuk kuring bari maju kahareup. Nyaan bae aya awewe ngais orok ku samping, oge make samping nengahan bitis, make kabaya beureum, dicindung beureum oge. Si Oo mah katempo geus rerempodan bangun nu sieuneun.

“Ceu rek kamana peuting-peuting?” ceuk kuring nanya.

“Rek meuntas tapi sieun labuh sanajan enya caina orot oge, da ieu bari mawa budak, budak batur ieu teh sabenerna mah, Euceu mah katitipan ku urang Citepok” walon eta awewe, tapi anger teu ngalieuk, anger nyanghareup ka peuntas beulah ditu.

“Naha peuting-peuting Ceu, rek ka Parugpug?” ayeuna mah Mang Endi nu nanya.

“Lain rek ka Parugpug, Euceu mah rek ka Citepok, tadina hayang ka Loji jalan, tapi teu kaburu, Euceu teh tas ti Ciheuleut nyusul indung budak ieu, nu cenah mah ayeuna dumuk di Ciheuleut, geus cape Euceu katitipan ieu budak teh, tapi ningan euweuh” walon eta awewe, anger keneh teu daek malik.

“Cik pangmeuntaskeun Euceu, sieun ti kosewad, jaba budak rada gering ieu teh” manehna menta tulung, tapi anger beungeutna teu nembongan, anger nyanghareup ka peuntas belah ditu.

“Jung O, peuntaskeun pira ge ka peuntas beulah ditu, lima menit ge nepi” cekeng teh ka si Oo.

“Ah…alim Kang, sieun abdi mah, sieun kunti, hayoh engke teh abdi dikerebeb, kumaha atuh si Idang jeung si Anggi engke” walon si Oo bari muringis.

“Ah ilaing mah O, beurangan kacida kawas lain jalu bae…sok atuh ku Kang Atot, mangga Kang” ceuk kuring ka Kang Atot, sanajan umurna leuwih ngora batan kuring, tapi anger bae da kolot puhu, panan anakna Ua, jadi kuring kudu anger nyebut Akang.

“Yey….Dede mah kawas teu apal bae ka Euceuna, sakitu gede timburuannana ningan, ke teh kumaha mun nepi kabala-bale yen Akang mangmeuntaskeun awewe, teu meureun Euceuna ijigimbrang mah, bisa-bisa Akang moal meunang lintar deui.

“Kumaha Mang Endi, bade ngersakeun?” kuring malik ka Kang Endi, sami mawon kang Endi ge murengked. Antukna kuring sorangan nu mangmeuntaskeun eta awewe nu ngais orok teh, nepi ka peuntas beulah ditu. Tapi lebeng, nepikeun ka manehna nyebutkeun hatur nuhun teu kungsi katingali bengeutna. Les awewe nu ngais orok leungit di teureuy kalangkang rungkunan haur, da puguh jalan liliwatannana kaoyodan ku rungkun haur. Kuring teu boba curiga, kuring balik deui muru dulur-dulur.

Prung ngecrik babarengan, unggal gaprukan, kuring mah teuing ku mucekil teu weleh aya nu nyangsang dina heurap, geus puguh lalawak, berod jeung beunteur mah, dalah lauk balong kayaning lauk nila, jaer, jeung lauk emas ge teu burung loba nu kaeurad. Tapi naha ari nu tiluan peuting ieu teuing ku sial, tong boroning lauk bodas lalawak, dalah keuyeup hurang ge taya nu kaheurap hiji-hiji acan.

“Heran De, Akang mah can meunang hiji-hiji acan, palangsiang Euceuna jamedud yeuh De” ceuk Kang Atot semu keuheul.

“Nyeta abdi ge Kang, kungsi aya bancet hiji nu kaheurap ku abdi mah, sigana indung si Idang bakal ngawakwak yeuh” ceuk si Oo mairan.

“Puguh Emang ge, pedah heurap anyar kitu ieu teh, jaba geus janji ka Mang Iri rek mere beubeunangan lintar teh, bubuhan heurap meunang nganjuk ti Mang Iri” Mang Endi mairan.

“Sing salabar bae, engke geura di Leuwi Orok, urang bakal beubeunangan, da didinya sok ngarumpulna lauk mah” ceuk kuring.

Teu karasa geus anjog nepi ka Leuwi Orok, sigana mah wanci janari leutik nepi ka lebah Leuwi Orok teh. Didieu, di Leuwi Orok, beubeunangan kuring beuli mucekil, malah korang gede geus ampir pinuh, sawareh beubeunangan lauk teh dititipkeun na korang nu Oo. Tapi nu tiluan anger teu beubeunangan, ukur kitu bae lauk laleutik, kayaning jeler jeung beunteur, kitu ge Kang Atot ukur meunang opat siki, Mang Endi ukur tilu kaopat keuyeup beas, si Oo mah nyamos, kaeusian soteh korangna kubeubeunangan ti kuring. Beak dengkak, kabeh hanjat, cucul-cucul rek balik ninggalkeun Leuwi Orok. Na ujug-ujug teh kadenge sora nu nyikikik.

“Hihihihihihi…….moal dibere lauk sia mah Oo, Atot, Endi, peuting ieu mah, bongan maneh kabeh mumul, kabeh teu sudi mangmeuntaskeun aing tadi, nyaho sia?....Yeuh aing teh nu ngageugeuh jeung nu ngurus lauk di Leuwi Orok….hihihihihi……, ngurus lauk bari ngasuh budak, orok titipan urang Citepok……..hihihihihi……..” sorana eces jeung rada ngirung. Simpe sora awewe, hawar-hawar kedenge sora orok ngear ceurik, sora nu datangna ti tengah-tengah Leuwi Orok. Kuring kabeh olohok mencrong kana cai Leuwi Orok.


Panineungan lintar. Tungtung Seoul 20 Juli 2006.

Saturday, December 16, 2006

Hipnotis

Mangle No. 2077
hal. 34-36
Kaping terbit:
27 Juli - 02 Agustus 2006

Ku:

Kang Ya

=================

Ibur guyur salemlembur Situraja yen Bi Engkur kaleungitan emas perhiasan nu jumlahna kurang leuwih ti dalapan puluh gram. Cenah mah aya nu ngahipnotis basa Bi Engkur keur nungguan dagangannana di warungna nu pernahna hareupeun imahna. Bari jeung teu sadar emas-emasan nu keur dipake teh logosor bae dibikeun ka hiji jalma nu akon-akon ngadon balanja. Ngan nyaeta bener henteuna mah wawlohhualam da harita teh taya saksi sanajan saurang oge. Kitu deui Ceu Ida nu sok bunta-bantu diwarung Bi Engkur, lebeng keur euweuh keur dititah nganteuran nu macul ka sawah. Mang Sarju salakina Bi Engkur ge keur ngajejeran nu macul. Kajadian leungit perhiasan kira-kira wanci sawed memeh lohor. Bi Engkur ceurik jejeritan bari lolongseran sanggeus sadar yen manehna kaleungitan barang teh. Ceurik jejeritan bari menta tulung, menta panggudagkeun jalma nu geus ngahipnotis jeung maling emas-emasan Bi Engkur.

Rabul tatanggana daratang ngadenge nu auk-aukan ceurik jejeritan teh, malah Bapa RT ge ngahaja datang, paparentah supaya nyusulan Mang Sarju salaki Bi Engkur nu keur di sawah. Dalah Ustad Holil ge sumping bari mere cai pikeun inumeun Bi Engkur ngarah tenang saurna teh.

“Emh… Nyai sing sabar sakieu ge untung urangna salamet keneh, coba mun eta jalma nu ngarontok bitis teh bari terus mergasa urang, keun bae barang mah bisa diteangan deui, sing sabar Nyai, sing gede hate…” ceuk Nini Uti bari ngusapan Bi Engkur nu ngadingdiut ceurik siga budak bitu balonna.

“Nini lain nu ngarontok bitis, nu ngahipnotis…” ceuk Ceu Padmi bari mesem, nu sejen ge bakuna mah hayang ngabarakatak seuri ngan ditarahan rumasa hareupeun nu keur katunggaraan.

“Heueuh….hipnotis nya, edas tuda mani araraneh kiwari mah, da baheula mah euweuh nu maling make hipnotas-hipnotis teh, aya ge kencit atawa tuyul budak gundul…” walon Nini Uti.

“Nyeta bener Nini, bener pisan baheula mah ribut nu sok malingan duit teh pajarkeun ku kencit atawa tuyul, tapi naha di jaman reformasi mah ningan popularitas tuluy teh luntur, taya beja jalma leungit duit ku kencit, tapi loba ge kajadian jalma nu leungit barang kujalaran dihipnotis. Kamana ari sakadang tuyul? Naha geus teu boga kamampuan madogan duit?” Mang Darta tukang cendol nu kaparengan ngaliwat kadinya mairan.

“Heueuh puguh ge nya, baheula mah sok sing kecewis mun aya jalma nu laha-loho bari ngagandong leungeun teh, urang kudu taki-taki, majarkeun teh dina leungeunna aya tuyul…” ceuk Ceu Eneh mairan.

“Heueuh puguh masih inget keneh, baheula majarkeun Wa Uun ngingu kencit, pedah eta Wa Uun mun rek kapangdagangan sok ngagandong leungeun…” ceuk Ceu Padmi mairan.

“Mun ditilik tina rasa malingna, mendingan keneh tuyul, da tuyul mah maling nage cenah sok saeutik-saeutik, tara kabeh dirarad, sok ditungtut, jeung deui teu kabejakeun tuyul beuki emas berlian, nu kabejakeun teh tuyul mah kabeukina ge ngan kana duit bae. Jadi tuyul mah masih keneh boga rasa kamanusaan, da eta malingna ge jeung ijiran ditungtut jeung ngan ukur duit. Sedengkeun jalma nu sok ngahipnotis geuningan mani sagala dikoredaskeun, tong boroning duit dalah emas perhiasan, malah sakapeung mah kahormatan nuboga barangna ge sok rajeun diraosan, diperkosa tea, ana kitu mah tukang hipnotis sanajan enya jalma tapi teu boga rasa kamanusaan nya?” ceuk Bi Saodah bari ngabulaeh-bulaeh seupahna, heran puguh ge Bi Saodah teh ngora keneh kakara meureun nincak lima puluh taunan mah tapi kana nyeupah mani ngabaku siga Nini Uti.

“Ih enya lain beja puguh ge kuring kamari lalajo na tipi aya randa beunghar dihipnotis, cenah barangna beak koredas awakna disasaak diperkosa, bararaid ih aing mah…” ceuk Teh Rini bari bibirigidigan.

“Nyeta atuh jaman moderen teh bangsat ge maloderen, make elmu hipnotis sagala, nu kumaha atuh hipnotis teh Jang Alek?” Mang Sarjan nanya ka Jang Alex. Jang Alek teh sarjana pertanian widang elmu gulma nu ayeuna keur praktek kerja di Situraja, satadina Jang Alek teh rek ka kantor kacamatan, tapi ningali nu ngagimbung di warung Bi Engkur nya Jang Alek teh nyimpang heula.

“Nyeta puguh Mang salah kaprah, da sabenerna mah elmu hipnotis teh lain elmu pikeun kajahatan, lain elmu pikeun maling atawa sabangsana, tapi elmu hipnotis teh mangrupakeun elmu nu bisa digunakeun pikeun kamaslahatan sorangan atawa keur balarea” ceuk Jang Alek.

“Kumaha Sujang? Jadi hipnotis teh lain maling nya?” Nini Uti nanya.

“Sanes Nini” walon Jang Alek.

“Cik Jang teruskeun naon cenah ari elmu hipnotis teh?” Kang Karya jeung Bi Rumsinah nanya meh ampir bareng.

“Hipnotis teh nyaeta hiji elmu nu bisa digunakeun pikeun neuleuman alam bawah sadar manusa kalawan gancang. Janten saleresna mah hipnotis teh sanes mejik, sulap atawa gaib. Elmu ieu teh asalna mah ti Wina Austria nu ayeuna geus sumebar ka sakuliah dunya. Hipnotis tiasa digunakeun kanggo sarupaning kaperluan dina widang klinik, forensik, atawa terapi pesikis, sapertos kanggo ngalandongan jalma anu bangbaungeun atawa trauma, ngalandongan stress, oge tiasa digunakeun kangge ngalandongan jalma nu boga kasakit sawan, sapertos sawan kuya atawa sawan anu sanesna. Ngan nyaeta diurang mah elmu hipnotis teh kadangkala henteu digunakeun pikeun kamaslahatan, tapi loba nu disalahgunakeun, sapertos penipuan atawa maling, nya paling banter ge nembe digunakeun kanggo hiburan…” walon Jang Alek mani daria naker.

“Ke lanan Jang Alek, kumaha tah gawena hipnotis teh, sacara ringkesna we lah..” Kang Oo nanya mani daria.

“Panan mun urang gaduh elmu hipnotis, urang tiasa neuleuman alam bawah sadar batur, tah kusabab kitu, jalma anu keuna ku hipnotis mah tiasa dipiwarang, tiasa nurut kana parentah anu ngahipnotis da teu sadar tea, sapertos….cobi buka eta kongkorong….jol dibuka bae tah kongkorong teh…ah tapi duka ketah persisna mah abdi kirang terang, da abdi mah mung ukur saur batur tur sakapeung maos dina buku...” walon Jang Alek.

“Supaya ulah keuna ku hipnotis kumaha tah Jang?” Ceu Encum anu reunceum emasna nanya.

“Nyi Encum…..ceuk kang Kodir mah kieu cenah, supaya urang ulah keuna ku hipnotis mun aya jalma saliwat melong ka urang omat ulah dipelong deui sabab manehna keur mentangkeun elmu hipnotis…kitu lain Jang Alek?” Bi Rumsinah bari malik ka Jang Alek.

“Puguh kieu cenah mun aya jalma nanya bari nepak taktak atawa naon bae na awak urang, ku urang kudu buru-buru dibales ditepak deui, sabab manehna keur nerapkeun elmu hipnotis kujalaran nepak, tah lamun ku urang ditepak deui, hipnotisna bakal cambal, lain kitu Entin?” ceuk Teh Rini mani serius.

“Duka atuh Teh, da can ngalaman aya jelema saliwat nepak taktak abdi, aya age jelema baragajul lebah simpangan kungsi nyewol bujur” walon Nyi Entin bari cicikik seuri.

“Ah dasar sia mah centil Entin, kami nanya serieus teh” walon Teh Rini, bari manehna ge nyeuleukeuteuk seuri.

“Montong garogonjakan, ieu teh geus puguh Nyi Engkur katunggaraan!” Nini Uti ngagebes. Saheulaanan jalma-jalma teh simpe ngahephep, katara inghakna ceurik Bi Engkur ge ngurangan.

“Cik Jang teruskeun, kumaha tah pamendak Ujang?” ceuk Kang Oo.

“Ah duka atuh kumaha sangkan urang ulah keuna ku hipnotis mah, tapi nilik tina sasaranna mah, yen hipnotis teh neuleuman alam bawah sadar urang, nya urang teh kedah salamina sadar ulah dugi ka teu sadar….kitu manawi” walon Jang Alek.

“Enya meureun, kudu ditepak deui teh meh nyirikeun yen urang ge sadar” pok deui Teh Rini mairan.

“Cicing atuh Eteh newo-newo bae Eteh mah!” Nini Uti ngagebes deui Teh Rini.

“Leres Jang, nu penting mah urang teh kedah anger eling ka Pangeran, kedah sering istigfar, astagfirulloh al adzim jeung subhanallah ulah pirang-pirang” Ustad Holil nu ngabandungan titatadi mairan.

“Ku jalaran istigfar urang bakal salamina eling ka Pangeran, alam bawah sadar urang moal kungsi kaanjangan batur, moal kungsi diparentah batur, sabab salamina urang eling ka Allah Subhanahuwataa’la. Ulah sok sering ngalamun teu puguh, mun boga masalah urang sanggakeun bae ka Allah Ta’ala, tangtu urang salamina aya dina kasadaran…” Ajengan Holil nyaur deui.

“Enya Nyai, ngalamun kunaon atuh? ceuk Nini mah sakitu geus sagala aya, usaha keur jalan, sawah lega, barudak geus garawe di kota, ulah sok loba teuing ngalamun atuh Nyai…” Nini Uti nyarita ka Bi Engkur bari ngusapan.

“Nyeta tuda Nini, hate teh aya bae kacangcaya, loba rus-ras jeung loba kasieun, sieun itu sieun ieu, komo loba nu cing kecewis cenah Kang Sarju boga deui kikindeuwan…” walon Bi Engkur bari ingsreuk-ingsreukan dareuda.

“Yeuh Nyai, ulah loba teuing dedengean, jeung deui cik atuh saminggu sakali mah warung teh tutup atawa pasrahkeun ka si Ida sina nungguan, urang ka tajug unggal poe rebo atawa urang ka masjid agung unggal poe minggu, urang ngupingkeun pangaosan Bapa Ajengan Holil, sanes kitu Ajengan?” ceuk Nini Uti bari ngareret ka Ajengan Holil. Nu direret unggeuk bari mesem.

“Muhun Ceu Engkur, resep geura ngaos babarengan teh boh ka tajug atawa ka masdjid agung, resep abring-abringan bari nganggo acuk seragam, sakapeung sok silih raosan bekel, atuh kitu deui sok seueur batur nu bari nganjuk-nganjukkeun cindung atawa pibajueun, resep geura Ceu Engkur hayu ilubiung…” Bi Rumsinah mairan.

“Yey maneh mah ngaji teh resep abring-abringannana wungkul nya? Ngaji teh resep bari nganjuk cindung nyah? Paingan atuh maneh basa can kabeuli saragam mani mumul ka pangaosan teh, yeuh…Erum ngaji teh ulah alatan seragam bari abring-abringan…” Nini Uti mani muncereng.

“Tos-tos Nini….” saur Ajengan Holil leuleuy.

“Teu sawios, urang ngaos bari nganggo saragam, boh kitu deui urang ngaos bari nyandak icalan, boh icalan cindung boh piacukeun, mung anger omat ulah ganti niat, niat mah kedah anger pikeun diajar sareng pikeun ibadah ka Pangeran Allah Taa’la. Panan silih anjukan teh salah sawios tina ngarakeutkeun tali silaturahmi tea. Janten teu nanaon ngaos bari balantik, bari icalan, bari nganjukkeun atawa bari nganjuk, mung sakali deui ulah cul dog-dog tinggal igel, tujuan utami anger anging kanggo ibadah ka Allah Ta’ala, keuna ku wajib diajar elmu agama islam. Paripaosna, acuk seragam mah, icalan mah, silih raosan bekel mah, urang anggap bae supados kagiatan urang teh aya bumbuna, dibumbuan tea panan sok janten raos, tapi omat anu dibumbuannana kedah diutamikeun, muhun niat ngaos ibadah tea...” saur Ajengan Holil mani daria naker. Sakedapan sadayana ngaregepkeun naon kasauran Ajengan.

Totorojol Mang Sarju datang, dituturkeun ku Ceu Ida. Gauk Bi Engkur ceurik deui mani auk-aukan barang ningali Mang Sarju datang teh, ceurikna leuwih tarik batan tadi.

“Menggeus montong mewek bae era ku batur, barinage naha enya kitu aya jalma nu teu wawuh ngadon ngahipnotis didinya?” ceuk Mang Sarju popolotot. Ningali Mang Sarju datang bari ngambek, jalma-jalam bubar loba nu naringgalkeun, pamikirna keun da ayeuna mah geus aya salakina ieuh. Ngan Pa RT jeung Nini Uti anu masih aya keneh teh.

“Maenya kuring bohong, inget-inget teh sanggeus emas kabeh dibawa ku hiji jalma…” tembal Bi Engkur bari diselang-selang ku ngabangingik ceurik.

“Nundutan meureun didinya teh teu karasa aya nu ngarorod emas-emasan” pok deui Mang Sarju ngomong.

“Henteu Kang Sarju, kuring mah rarasaan teh teu keur nundutan, da sidik aya jalma kadieu cenah rek barangbeuli” jawab Bi Engkur bari teu eureun ceurik.

“Nu bener ngomong teh, boa akon-akon manehmah kari-kari emas dipahugikeun, ribut dipaling ku tukang hipnotis, henteu mah maneh teh boga kabogoh Engkur!” Mang Sarju nyentak.

“Gustiiiiiiiiii….Nu Agung, na Kang Sarju mani kabina-bina teuing ka kami teh, nuding kanu teu pararuguh lain nulungan kumaha sangkan emas balik deui….teu sudi siah kami mah Sarjuuuuuuuu…!” Bi Engkur ceurikna narikan.

Untung aya keneh Pa RT, oge aya Nini Uti, nu pasea dilelemu dipisah sangkan reureuh.

Sanggeus kajadian leungitna perhiasan, Bi Engkur brek gering ripuh pisan, duka kaleleban ku perhiasan nu leungit, atawa kanyenyerian ku Mang Sarju nu mitenah cenah Bi Engkur akon-akon leungit perhiasan. Anak-anakna nu geus garawe di kota, rereongan meuli emas nepikeun ka dua ratus gramna pikeun ngagantian perhiasan nu leungit, bisi enya Bi Engkur kaleleban ku perhiasan tea. Tapi anger nu gering teu cageur. Ubar-aber kaditu kadieu, ka dokter, ka rumah sakit, dalah ka pengobatan alternatif ge kungsi dilakonan, tapi anger bae nu gering taya mendingna malah beuki payah. Meunang sabulan Bi Engkur gering teu puguh ubarareunnana, antukna nepi kana waktuna Bi Engkur mulih ka jati mulang ka asal. Bi Engkur maot, Innalilahi wainnaillaihi roji’un.

Jejeg tilu bulan ti maotna Bi Engkur, kabejakeun Mang Sarju kawin jeung Ceu Ida randa baheunol nu sok bunta-bantu di warung Bi Engkur tea. Nu mangherankeun geuningan kabeh perhiasan nu cenah leungit dipaok ku tukang hipnotis teh ayeuna geus dipake ku Ceu Ida.


Tungtung Seoul, 28 Juni 2006.

Friday, December 15, 2006

Profesor Leveau

Mangle No. 2072
hal. 18-19
Kaping terbit:
22-28 Juni 2006

Ku: Kang Ya

=============

Rengse beberes alat-alat laboratorium urut nyieunan larutan pikeun engke peuting analisa, gura-giru balik ka tempat indekos di Labak Gede, landeuheun kantor Batan jalan Taman Sari Bandung, kalereun Kebon Binatang. Lembur gede baheula mah Lebak Gede teh, ayeuna mah eta lembur teh geus euweuh geus ganti jadi Sasana Sabuga tempat kagiatan kasenian jeung olah raga. Euweuh urut-urutna acan tah lembur teh, atuh pendudukna paburencay teuing kamarana, dalah kuring ge mun sakalieun hayang manggihan nu boga imah nu kungsi diindekosan ku kuring, Ma Irah tukang rujak, anger hese teu kapanggih teuing kamana pindahna.

Harepan teh sobat kuring si Berto baris marengan engke peuting di laboratorium, manehna teh sobat dalit ti keur leutik keneh, sanajan beda suku beda agama, heunteu jadi panghalang pikeun kuring sosobatan. Indekos ge sarua di imah Ma Irah, ngan ku hanjakal geuningan na meja geus nyampak kertas sacewir, unina kieu: ”Yaya, bageur, hampura euy uing teu bisa maturan di lab peuting engke mah, tadi uing dititah ku ketua ret-ret kudu survey ka Cisarua, hampura nya sobat. Berto”. Sanajan manehna urang Batak, tapi bahasa Sundana mah teuing ku hade sakapeung mah mun nyarita sok bleg bae siga urang Sunda, bubuhan eta meureun lahir jeung gede sarua jeung kuring di Sumedang. Sosobatan ti bubudak, nepi ka babarengan kuliah di jurusan Ilmu Hayat. Harita keur babarengan penelitian pikeun skripsi, ngan pedah beda widangna, kuring mah widang Mikrobiologi, si Berto mah widang Botani.

Teu bisa majar kumaha, palangsiang kuring kudu gawe sapeuting jeput sorangan di laboratorium. Enya panan mun urang nalungtik bakteri mah sakapeung lain urang nu ngatur bakteri tapi bakteri nu ngatur urang, cara peuting ieu kuring kudu nganalisa pengaruh ekstrak daun jambu batu kana pertumbuhan bakteri Propionibacterium acne, hiji bakteri nu nyababkeun ewateun tea. Gawe sorangan di laboratorium wanci peuting teh lain sieun lain naon, da can ngadenge aya jelema nu dilegleg hirup-hirup ku jurig atawa ririwa, ieu mah meh aya batur ngomong bae atuh ulah ngabetem bae sorangan, sanajan enya loba kacaritakeun yen di laboratorium eta mah aya nu ngageugeuhna bubuhan wangunan baheula, wangunan asli buatan Walanda.

Rengse sholat isa biur indit ka laboratorium, di jalan meuli goreng hui, comro, goreng pisang, jeung bala-bala, maksud teh keur engke peuting bisi hayang barang dahar. Datang teh kudu jam dalapan peuting sabab wancina analisa ka hiji, barang datang ka heureupeun wangunan jurusan Ilmu Hayat teu kungsi panggih jeung Pa Abu patugas kaamanan nu ngajaga wangunan jurusan Ilmu Hayat, sigana keur nguriling atawa keur ka mushola, kitu pamikir teh. Kuring terus naek ka lante opat sup asup ka laboratorium Mikrobiologi. Analisa ka hiji jam dalapan rengse jam salapan, bari nungguan analisa ka dua jam sapuluh, kuring mukaan buku catetan panalungtikan, kutrat-kotret ngitung hasil analisa, hade yeuh hasil teh teu kudu ngulang deui, biasana mah sok loba data anu aneh, tapi ieu mah hade pisan, sarua jeung nu dipiharep. Analisa jam sapuluh jeung analisa nu jam dua welas oge sarua deuih meunang hasil anu hade, sarua jeung hipotesa nu ku kuring diajukeun, kuring beuki sumanget, bari nungguan analisa nu jam dua kuring maca jurnal ilmiah. Keur cengeng macaan jurnal jol aya nu ngomong.

”Selamat malam!” sorana mani jentre bubuhan peuting. Kuring rungah-ringeuh, baruk hareupeun kuring aya nu ngabedega jangkung gede make jas laboratorium, enya bule, janggotna ge mani rambosbos. Kuring kacida reuwasna, molohok, boa-boa cekeng teh. Timana jolna eta jalma asa teu kadenge nu mukakeun panto laboratorium. Bulu punduk mimiti sing sariak, kasieun mimiti carengkat.

”Tidak usah takut, saya ahli yang diundang perguruan tinggi ini, jangan takut yah!” manehna pok deui ngomong.

Kasieun mimiti sirna, pamikir teh, enya panan paguron kuring mah sok loba pisan ngadatangkeun ahli ti nagara-nagara anu geus maju dina widang sainsna. Tapi panasaran hayang nanya, barang rek nanya manehna geus miheulaan nanya deui.

”Sedang penelitian apa Anda” pokna.

”Eu..eu...eu..pengaruh ekstrak daun jambu batu terhadap pertumbuhan bakteri Propionibacterium acne, penyebab jerawat” walon kuring.

”Kenapa daun jambu batu” si bule nanya deui.

”Kan gadis-gadis di tanah Pasundan dahulu suka dikasay pakai daun jambu batu, saya pikir pasti ada kasiatnya, ketika saya tanya pada orang tua katanya supaya kulit muka beresih dan tidak berjerawat, nah sayah ingin melihat apakah ada antibakteri pada ekstrak daun jambu terhadap bakteri itu” jawab kuring.

”Wah....bagus..., memang harus begitu, mahasiswa Indonesia harus meneliti apa yang ada dilingkungannya, mengungkap secara ilmiah yah! Negeri ini kan kaya akan bahan alam, salah satunya bahan alam untuk obat, tapi sayang tidak punya data ilmiah secara lengkap, hanya cerita turun-temurun saja. Tapi cerita turun-temurun juga sangat membantu untuk indikasi bahan aktif nya. Saya sangat mendukung penelitian Anda dan memang bidang saya adalah etnobotani, semoga berhasil yah.....” manehna daria bari unggut-unggutan.

Saterusna kuring ngobrol lolobana urusan ilmiah, mani resep naker, kasieun leungit sama sakali, kuring yakin pisan manehna teh bener-bener ahli nu diondang ku paguron kuring. Manehna teh geuningan ahli etnobotani nu keur nalungtik tanaman obat Pasundan gawe bareng jeung paguron kuring. Nepi kawancina analisa nu jam dua isuk manehna masih keneh aya di laboratorium, ngan teuing gawe naon teu pati kapalire deui sabab kuring banget suhud kana analisa, analisa rengse jam tilu, hasilna hade naker, jadi yeuh lulus semester ieu ceuk pamikir teh. Tapi naha mani tunduh-tunduh teuing, panon mani cepel naker, hayang ngalenyap sakeudeung mah, weker dipasang supaya disada jam opat teng, kuring nyuuh na luhur meja.

Kahudangkeun ku sora weker, kuring ngorejat jam opat teng, gasak-gisik sakeudeung, terus analisa nu jam opat, analisa panganggeusan peuting ieu. Kadenge sora adzan subuh diunggal juru angin, wanci sholat subuh geus datang. Bule teh teuing kamana geus euweuh, ku kuring digentraan sababaraha kali sabada analisa anger euweuh, teu boga hate goreng, sigana geus balik waktu kuring ngalenyap. Rengse baras-beres, gura-giru kaluar ti laboratorium terus turun ka lante hiji, maksud rek ka mushola nu aya di lante hiji, jaba rek terus balik pamikir teh. Di lante hiji panggih jeung Pa Abu, manehna nanya.

”Eh...Cep Yaya, naha nyalira geuningan? Naha kamana ari ki Sobat, Cep Berto?” Pa Abu nanya siga nu heran.

”Eh geuningan Bapa, muhun Pa nyalira, Berto mah ka Cisarua survey kanggo ret-ret saurna” walon kuring pondok.

”Nyalira? nu leres Cep?” manehna bangun no hookeun.

”Muhun nyalira Pa” ceuk kuring.

”Ari kitu kumaha Pa?” kuring nyusul tepus nanya.

”Kieu Cep, Bapa teh tadi wengi nguriling ka unggal lante sapertos biasa mariksa ka unggal ruangan. Pas payuneun laboratorium Mikrobiologi kakuping ku Bapa nu sing gerendeng, teu heran kanggo Bapa, pasti Cep Yaya pangemut teh sabab Bapa tos tingali dina buku data yen Encep bade damel wengi ieu. Ngawitan mah heran pangemut teh sareng saha Cep Yaya ngobrol, tapi siganamah sareng Cep Berto pangemut teh. Tadina mah Bapa bade lah-lahan lebet ka laboratorium tapi sieun ngaganggu” ceuk Pa Abu daria.

”Ke pami sanes Cep Berto saha kitu Cep nu wengi teh? Da Neng Pia mah nu damel di laboratorium Botani mah mung dugikeun ka jam sapuluh, Bapa ge terang mulihna dipapagkeun ku Cep Dasim, kitu deui Bang Herbet mahasiswa pascasarjana tea pami teu lepat mah mung dugikeun ka tabuh sawelas” ceuk Pa Abu bangun beuki panasaran.

“Oh….abdi mah ngobrol masalah ilmiah sareng ahli ti Walanda, nu karelesan nuju nalungtik etnobotani Pasundan gawe bareng sareng paguron urang” jawab kuring.

”Ke....ahli timana Cep, da raraosan mah asa teu aya tamu danget ieu mah di jurusan Ilmu Hayat mah, duka pami di jurusan sanes mah, ke urang tingali dina data kerja” Pa Abu siga nu heran, tapi geuwat mukaan data kerja, tapi anger dibulak-balik teu aya nu ngamprah gawe peuting ieu salian di kuring, teh Pia, jeung Bang Herbet.

”Ke Cep, dedeganna na siga kumaha?”

Derekdek sakabeh nu katitenan mah ku kuring dicaritakeun, ti mimiti dedegannana, ciri-cirina jeung eusi obrolan kuring. Sanggeus ngadenge dongeng kuring, Pa Abu katingalina ngarenjag siga nu reuwas.

”Nu leres Cep?”

”Nyaktos Pa maenya abdi jijieunan, ari kitu kumaha Pa?” ayeuna kuring nu heran.

”Ayeunamah urang sholat subuh bae heula Cep, engke sarengsena solat subuh urang ka perpustakaan jurusan, Bapa nyepeng koncina, henteu bade enggal-enggal mulih panan?”

”Henteu Pa, mung bade istirahat bae, engke bada lohor bade ka laboratoirum deui”

Bring kuring jeung Pa Abu muru mushola terus sholat. Rengse solat subuh bring bareng ka perpustakaan jurusan. Pa Abu muru buku arsip baheula anu eusina buku-buku heubeul, buku kuno, ejaannana ge ejaan baheula. Gap kana buku arsip, kareret tahun 1937. Pa Abu mukaan buku.

”Cep tah ieu daftar dosen sakola urang ti mimiti ngadeg tahun 1919 dugi ka jaman penjajahan Jepang, mangga tingalian” Pa Abu nyodorkeun buku ka kuring.

Lalaunan buku dibukaan, halaman 13, katempo jentre pisan, aya potret hitam putih, beungeutna sarua pisan jeung nu panggih tadi peuting. Dihandap jentre katerangan: Profesor Johan van Leveau (1877-1937), dozen department Elmu Hayati, meninggal karena serangan jantoeng, jenazah dikeboemikan di kerkof jalan Tamansari Bandung. Kuring molohok mata simeuteun, enya mun teu salah mah baheula teh lebah nu ayeuna jadi kampus Unisba teh panan kuburan Walanda.


Tungtung Seoul, 27 Mei 2006: Panineungan Lebak Gede Bandung taun 1983-1987.

Thursday, December 14, 2006

Pajonghok di Bangkok

Mangle No. 2066
hal. 15-17
Kaping terbit:
11-17 Mei 2006

Carpon:
Kang Ya

===================

Minggu ayeuna kuring kudu indit ka Thailand, lain keur ulin atawa liburan, ieu mah pikeun seminar Natural Product, kuring diondang kudu jadi pembicara. Atoh puguh ge, bubuhan kakara ayeuna pisan kuring boga kasempetan pikeun nincak tanah nagri Siam. Sobat-sobat kuring urang Thai basa kuring nyucruk elmu di Universitas Edinburgh Skotlandia geus diemail kabeh. Chatchai Ngamriabsakul cenah kabeneran keur di Bangkok, manehna jadi bisa tepung jeung kuring. Suphacok Sincaikul, manehna cicing di kota Chiangmai, rek ngahaja cenah ka Bangkok mun pareng kuring datang, atuh kitu deui Rattaphong Sirisanont nu asli urang Bangkok bakal ngabatalkeun sakabeh janji cenah mun kuring ka Bangkok teh. Tiluannana kabeh sobat dalit kuring, sobat maen badminton di King’s College Hall. Banget ku rasa atoh, kuring ngahaja ka pasar Namdaemun, neangan barang has Korea pikeun oleh-oleh keur sobat-sobat kuring, kahayang mah mawa oleh-oleh barang Indonesia, tapi dalah dikumaha teu keur nyampak, beak dibagikeun ka babaturan di Korea.

Kaluar ti bandara Suvarnabhumi Bangkok teh jam opat sore, ngahaja datang teh Saptu ngarah Minggu bisa ulin heula di Bangkok da seminarna mah kakara dibuka poe Senen. Langit Bangkok estu beresih, sanajan aya mega bodas sing aludrat, ngan nu jelas mah beresih henteu haleungheum medem siga di Jakarta, sanajan sarua panasna, ngan aya nu beda, enya beda pisan. Di Bangkok euweuh patali marga nu ngaluarkeun haseup hideung tina knalpotna, teu siga di Jakarta paribasana mobil nu geus arwah ge anger bae ngabutbut maju bari teu eureun ngaluarkeun haseup hideung, bau naker. Patali marga kabeh maju puguh leunjeurannana, puguh heuleurannana, henteu pacorok sok komo mun silih tilep jeung silih salib mah. Bangblas lancar sanajan sok manggih macet, macet ge macet wajar lain macet teu puguh, lain macet bari sieun ditodong di simpangan jalan siga nu sering kabejakeun di Jakarta. Di unggal simpangan, euweuh nu jajaluk, euweuh nu ngamen, euweuh nu teu pararuguh, estu teu sareukseuk katempona. Sawatara waktu kaliwat cenah ceuk babaturan nu kungsi nyaba ka Bangkok, pajahkeun Bangkok teh ramijud siga Jakarta, nu ngabedakeunnana ngan ukur tulisannana, tapi geuningan buktina estu beda pisan, rapih, endah jeung beresih. Enya tuda eta mah carita taun dalapan puluhan, beda Bangkok harita jeung Bangkok ayeuna mah. Ari Jakarta mangsa taun dalapan puluhan jeung ayeuna kumaha? Sigana sami mawon, malah kayaan krisis jeung naekna harga bahan bakar ngarojong kana beuki ramijudna Jakarta.

Supir taksi teuing ku bageur, berseka beresih marake saragam, someah, jeung teu ngabogaan beungeut ”nyuhunkeun artos”, estu pelayanan nu dinomerhijikeun, numatak sadrah mun mere peresen teh, rido pisan. Sistim transfortasi di Bangkok teuing ku hade, geus puguh beus, keur mah aralus jeung kabeh marake AC, atuh konekturna ge sanajan enya awewe tapi teuing ku rancingeus, getapan, ditambahan ku harade budi, saromeah, keur gareulis teh. Bangkok boga ”skyway”, kareta api monorel diluhur, hade pisan nambahan sieupna kota, kitu deui aya ”subway”, kareta api jero taneuh anu bebas hambatan tea. Iraha atuh Jakarta rek ngabogaan sistem transfortasi anu hade, anu saluyu jeung jaman, anu lancar jeung teu sieun ku copet? Sakapeung sok boga rasa cangcaya, boa hamo kalakon.

Universitas tempat kuring gawe, Universitas Yonsei nyadiakeun kamar hotel anu hade di Bangkok, hotel alus bentang lima, pernahna sisi walungan Chao Praya, walungan anu kawentar, walungan nu jadi papaes kaendahan jeung sarana transfortasi cai di kota Bangkok. Jam lima leuwih sapuluh menit nepi ka hotel, kaget dibarung ku atoh, baruk sobat-sobat geus ngadaragoan di lobi hotel, enya Chatchai jeung Rattaphong, tapi teu ningal Supachok.

”Welcome to Siam, friend .... ” duanana meh bareng bari saurang-saurang sasalaman malah terus narangkeup. Sanggeus beres check in jeung nunda babawaan, kuring jeung maranehna indit ka walungan Chao Praya, beu geuningan dibawa ka restoran anu ngangkleung na parahu, sihoreng Supachok geus ngadagoan dina parahu. Chao Praya beda pisan jeung Ciliwung atawa Cikapundung, sanajan caina teu herang tapi kaasup beresih mun dibandingkeun jeung cai Ciliwung jeung Cikapundung nu leket hideung siga cai kolomberan, utamana di Chao Praya mah euweuh runtah nu ngahunyud, nu ngangkleung campur jeung bangke bugang sasatoan. Chao Praya estu matak betah pikeun lalayaran suka bungah. Hade pamarentah Bangkok mah bisa ngajaga jeung ngokolakeun kaendahan Chao Praya, iraha atuh Ciliwung lebah Jakarta jeung Cikapundung lebah Bandung rek siga Chao Praya? Uplek ngobrol bari dahar, murak carita baheula mangsa babarengan di Skotlandia. Opatan sok maen badminton bareng, pasangan gunta-ganti, tapi pasangan kuring jeung Chatchai can kungsi eleh ku pasangan Rattaphong jeung Suphacok. Rengse dahar di Chao Praya, pindah ka bar di Sukumvit, tengah peuting kakara rengse. Bagja guligah panggih jeung sobat, kuring sare tibra.

***

”Excuse me, are you an Indonesian?” kuring nanya asa-asa.

“Muhun Kang Ya abdi teh Ginarsih, rerencangan waktos di Skotlandia, muhun abdi nu urang Soreang tea, mani asa-asa, kena-kena tos janten urang Korea ayeuna mah nya, punten ah ulah iinggrisan sareng abdi mah urang lelemburan bae nya” walon manehna bari ngetrukeun rokona kana asbak sangkan sekarna murag. Kuring molohok sakedapan.

“Mangga atuh Kang calik ulah ngadeg bae bilih ngarambat, abdi mah tatadi ge tos yakin pisan yen nu nuju cacamuilan payuneun meja abdi teh pasti Kang Ya, ngan bade naros teh ke heula rek didagoan manawi Akang sidik ka abdi”. Kuring pindah meja, diuk sameja jeung Ginarsih, cai enteh nu geus disayagikeun ku pelayan dipindahkeun ka meja manehna.

“Teu sawios nya abdi bari nyesep, manawi Akang mah masih teu kenal kana roko nya? tapi pami nyandak roko Korea mah cik nyobian abdi sabatang mah”. Kuring ukur mesem. Lain teu kungsi kana ngaroko teh, kungsi eta ge ngaroko ngagaya siga babaturan, tapi teuing ku teu ngeunah atuh ceuk kuring mah ngaroko teh, enya ngeunah keur nyeuseupna mah, tapi letah sok asa pararait mun rengse ngaroko teh, nu matak mending eureun bae ah ngaroko teh.

“Kumaha Kang betah di Korea teh? Parantos lami? Sarengsena ti Skotlandia teh teras langsung ka Korea atawa ka mana heula?”

”Nyeta betah Gin, saleresna mah kieu, rengse program posdok di Skotlandia teh Kang Ya kantos ka Berkeley deui, mung sakedap mung genep sasih teras reureuh di lembur sasasih campleng waktos sasih saum, rengse lebaran biur ka Seoul dugi ka ayeuna, nya kirang langkung tos tujuh taun jalan. Ke, dupi Ginarsih terang ka akang di Korea timana? Sareng rengse sakola di Universitas Glasgow teh teras kamana?”

”Terang atuh, panan kantos nonton na TV, na acara Sosok Minggu Ini, hebat lah, wilujeng nya. Abdi mah Kang rengse sakola teh teras damel di Indonesia, tapi ulah-alih, malah kantos janten dosen sagala, tapi ayeuna mah damel di IndoCosmetics, perusahaan kosmetik milik bangsa urang anu nuju nanjeur, abdi cepeng damel bagean promosi, nya kujalaran promosi ieu abdi ka Bangkok maksad bade promosi produk-produk IndoCosmetics tea, mung hanjakal Kang kinten-kinten tabuh sapuluh abdi kedah tos hiber deui ka Manila, Akang sumping dina poe abdi mios, naha teu nyambung bae nya Kang?” Ginarsih nyeuleukeuteuk anger siga baheula, rangu halimpu.

”Dupi Akang anger keneh nalungtik nu laleutik, nu teu katenjo ku panon langsung?”

"Masih atuh panan eta mah widang Akang“

”Nalungtik naon Kang ayeuna?”

”Antimikroba tina bahan tutuwuhan obat”

”Sampelna ti Indonesia Kang?”

”Leres”

”Kade Kang patenna kedah diurus nu bener, kedah nu aya manfaatna keur bangsa urang, karunya atuh bangsa urang teh ulah dikekeak jadi pasar wungkul, ulah jadi tukang meuli wungkul kedah janten produsen, kedah jadi nu ngajual” Ginarsih bangun nu serieus.

”Nyeta panan Akang keur ngainternasionalkeun koneng gede sangkan kawentar siga ginseng”

”Hade Kang, aya tah hasil enggal tina koneng gede nu aya patula-patalina sareng kosmetik atawa kasehatan buuk?” Ginarsih beuki daria.

”Nu matak Akang ka dieu ge, Akang teh diondang ku panitia seminar Natural Product pikeun jadi pembicara, akang rek presentasi ngeunaan kasiat koneng gede, salah sahijina pikeun ngubaran totombe”

”Baruk koneng gede tiasa ngubaran totombe? Kumaha tah Kang ketakna koneng gede teh?”

”Dina koneng gede aya hiji zat aktif nu disebut xanthorrhizol, tah numutkeun hasil panalungtikan akang, si xanthorrhizol teh bisa maehan Malassezia furfur, hiji mikroba nu nyababkeun totombe tea”.

”Baruk Kang, janten koneng gede teh sanes keur nyekok wungkul atuh nya?”

Teu karasa ngobrol uplek, wanci sarapan geus beak, kuring kudu ninggalkeun ruang sarapan. Hanjakal pisan obrolan kapegat. Ginarsih ngeukeuweuk leungeun kuring bangun nu narah papisah, malah celengok nyium sagala. Manehna pamitan, kuring molohok.

***

Ginarsih anger Ginarsih nu baheula, nu rindatna ngoyagkeun dada, nu imutna matak mincut, nu seurina teuing ku nyari, sakapeung sok nyeuleukeuteuk matak nineung, sorana teuing ku rangu halimpu. Memang ayeuna mah geus umuran, mun teu salah kurang leuwih tilu puluh dalapan taunan, tapi anger ngora kasawangna. Wawuh jeung Ginarsih tina milis pelajar Indonesia di Skotlandia, gorehel manggihan urang Sunda asal Soreang puguh bae atoh mah, teu rek atoh kumaha panan langka pisan urang Sunda nu lampar ngadon sakola komo bari wanoja mah, lolobana sok ti seler kaler. Sihoreng Ginarsih teh mahasiswa pascasarjana Universitas Glasgow, teu pati jauh ti Edinburgh mah, lalakon kurang ti dua jam kana beus.

Tina milis pindah kana jalur pribadi, japri tea, ngeunah bisa nulis ku basa sunda, tina japri luncat jadi resep ceting, sakapeung sok nelepon, ngobrol ngaler-ngidul. Tug nepi ka dina hiji waktu nyieun janji pasini bakal tepung di St. Andrews. Ngahaja henteu janji papanggih di Edinburgh atawa di Glasgow, maksud sangkan bari ulin, ngalanglang Universitas St. Andrews. Boga karesep sarua, ulin nincak paguron anu salohor, asa reueus mun pareng bisa dipotret hareupeun lawang saketeng hiji paguron sohor. Pajonghok patepung teuteup di St. Andrews, kopi darat tea disebutna, kuring nu leuwih kaget sabab ningan mojang Pasundan urang Soreang teh kacida geulisna jeung mahasiswa program doktor deuih. Ngobrol teh teuing ku kaku, beda pisan jeung dina cetingan, sigana pedah paadu hareup, hese ngedalkeun ucap. Tapi lila-lila mah biasa oge, malah bisa bari humor. Kuralang-kuriling, ngurilingan paguron dibarung ku ngobrol, jepret deui jepret deui, teuing geus beak sabaraha rol, harita mah can pati usum kamera digital.


Hujan angin gede naker, teu beunang dihihilian, harita keur ngalanglang kota St. Andrews, antukna asup ka ”Bed and Breakfirst”, istilah pikeun imah anu kamarna bisa disewakeun ka para tamu, beda jeung motel, ieu mah imah biasa, dalah nu boga imah nage cicingna didinya, disebut ”Bed and Breakfirst” pedah eta nyadiakeun tempat sare jeung sarapan isuk. Hargana kaasup murah ngan 18 pound kira-kira 300 rewuan sapeuting. Nyaan garede jeung harade imah-imah di Skotlandia mah, jaba pakarangannana lalega deuih nu dilengkepan ku sarupaning kekembangan utamana kembang eros nu warna-warni.

Korejat hudang, kahudangkeun ku sora anu keketrok nitah sarapan, diuk sakedapan dina pangsarean, ret kana jam nu naplok na tembok, ampir jam sapuluh. Awak dibakutet ku simbut, rumasa teu make papakean sanajan saheulay oge. Pakean kuring pabalatak, calana panjang nambru dina tehel, kaos jero jeung kameja ngalumbuk dina tungtung pangsarean, calana jero teuing kabalangkeun kamana, can kapaluri. Pangsarean acak-acakan seprena nyinglid sawareh. Kamana ari Ginarsih? Naha suwung euweuh gigireun sare? Boa keur di kamar mandi, tapi teu kadenge sora cai, simpe, rurat-reret, aya keretas dilipet dina meja, geuwat dijewang, dibuka terus dibaca:

St. Andrews, 26 Agustus 1998.
Kang Ya,

Nuhun nya, nyata kang Ya teh lalaki lalanang jagat. Punten abdi wangsul ti payun ka Glasgow margi seueur tugas nu teuacan kungsi karengsekeun, omat ulah miceun nya ka abdi. Jaga urang tepang deui manawi pareng. Duka dimana sareng iraha. Cag.

Baktos,

Ginarsih Rumpakacinta


Keretas dibaca sakali deui, eusina anger teu robah, dilipetkeun deui sup disempilkeun kana dompet. Leng mikir sakeudeung, nginget-nginget nu geus ka alaman peuting tadi. Sruk kuring nyuuh kana bantal, Gustiiiiiiiiiii....Nu Agung hapunten abdi. Raray Ema di lembur kagambar siga nu ngananaha, siga nu nutunjuk majar kuring teu bisa ngajaga diri, nyaan kuring ayeuna geus lain lalaki beresih. Anya nu nyelek tina dada kana tikoro, nyurung burialna cipanon, segruk kuring ceurik, handeueul tara tiheula, kuring rumasa jalma gede ku dosa, geus ngarumpak nu sakuduna teu meunang waka dilakonan, kuring ilang acining lalaki langit. Jung nangtung, anger dibakutet simbut, naha kuring make kudu dibungkus simbut, ningan peuting buligir teu ketir, taranjang taya kapantrang, bru simbut ditambrukeun na tehel, maksakeun muru kamar mandi, aya kaca ngajeblag, awak sabeuleugeunjeur atra katingal. Ngadak-ngadak jadi ijid kana raga sorangan, geuleuh ningali beungeut, cua kana dada, rujit kana pakulitan. Brus mandi, teuing ku lila, hayang beresih hayang siga samemeh tadi peuting.

Ti harita kuring teu kungsi panggih deui jeung Ginarsih, dina milis manehna ngaleungit, ditelepon ukur meunang jawaban yen nomer teleponna geus lain nu Ginarsih, ceting tara ieuh males, kuring beuki bingung, ngarasa tengtrem soteh sanggeus kuring narima surat nu teu make alamat si pengirim, eusina:

Glasgow, 26 Oktober 1998.
Kang Ya,

Ulah hariwang ka abdi, panan ieu mah hadas duaan, omat Akang ulah ngaraossalah sorangan, tangtos bae abdi ge ngiring tanggel waler. Abdi moal ngeurad Akang, Akang bebas sacara bihari samemeh urang sare di St. Andrews. Do’akeun nya abdi nuju ngarengsekeun disertasi hayang geura-geura meunang doktor. Cag.

Baktos,

Ginarsih Rumpakacinta


Ayeuna kuring pajonghok deui di dieu, di Bangkok, teu disangka-sangka, ngan hanjakal poe ieu teh pikeun manehna mah poe panungtung. Manehna geus ngabiur ka bandara, cenah rek kebat bangblas ka Manila pikeun promosi produk-produk kosmetik perusahaan tempat gawena.

”Lalagasan abdi mah, heup ah abdi mah moal urusan deui jeung jalu, seueur hanjeluna, mending soson-soson kana gawe abdi mah, rek neangan duit sing loba, karunya di Cikancung Soreang seueur barudak nu parugag sakola”

Lebar teuing nu geulis Ginarsih lamun enya tea mah lalagasan keneh, naha can kungsi kawin atawa randa? Teu kungsi kapaluruh, asa-asa rek nanya teh sok sieun disebut kurang sopan. Tapi naha kuring mang lebarkeun, panan kabagjaan hiji jalma mah henteu bisa digambarkeun ku renggenekna rumah tangga, loba nu lalagasan tapi hirupna bagja, bisa ngajalankeun progam-program hirupna sangkan aya gunana. Teu saeutik deuih jalma nu rumah tangga tapi sakeser daun gawe ngan parasea, awet rajet, bagja teuing dimana boa. Aya salaki nu nyolowedor, nu judi, nu ligeuh teu boga gawe, tapi bisa nyandung dua-tiluna, budak gubrag diditu-didieu, teu kaurus teu kaparaban. Oge loba naker pamajikan nu minculak, nirca leupas tina tali gadang. Sakapeung teuing ku teu kaharti, ka jalma nu cruk-crek gunta-ganti salaki atawa pamajikan disebutna jalma normal, paribasa etateh tandana normal, padahal anak reuay katalangsara, randa duda patulayah. Tapi naha ari ka jalma nu lalagasan, nu teu kungsi kawin, boh ka lalaki boh ka awewe, pajarkeun jomblo kudu diubaran, majarkeun boa-boa, padahal jelas-jelas teu nyangsarakeun batur, malah loba tutulungna pikeun jalma balarea. Anger dianggap can sampurna lamun can kungsi mendeko hareupeun panghulu, padahal naon salahna jalma nu lalagasan?

Kriiiing.......sora telepon disada, tarik pisan bubuhan ayana di gigireun kuring nu keur diuk mencrong guluyurna parahu di Chao Praya, gagang telepon diangkat dideukeutkeun kana ceuli.

”Hallo friend, please come down, we are ready to guide you for sight seeing around Bangkok, come on friend, we are in the lobby” jelas sora si Chatchai. Kuring gura-giru nantung, gap kana topi jeung kamera, belenyeng lumpat. Dina lift sakali deui beungeut Ginarsih kaimpleng.


Bangkok, 17 Oktober 2005.

Wednesday, December 13, 2006

Sanggeus Ibu Ngantunkeun

Mangle No. 2060
hal. 34-36
Kaping terbit:
31 Maret-5 April 2006

Carpon:
Kang Ya

===============

Wanci sareupna kakara nepi ka imah, sanajan jam kantor ngan nepi ka jam opat sore, jeung teu jauh deuih kantor teh ngan ukur lebah Balubur, tapi naha teuing ku lila nepi ka imah teh jeung asa cape naker. Sakadang macet nu jadi sababna mah, macet ti mimiti simpang Balubur keneh, ti barang kaluar ti kantor. Leok mengkol ka jalan Tamansari, lebah simpangan ka Ganesa geus macet deui bae, loba angkot nu eureun ngetem ngadagoan panumpang nu baralik ti Kebon Binatang atawa ngan sakadar ulin di taman Ganesa, mahasiwa jeung pagawe ITB. Cenah kana motor mah babari seseleket, enya meureun keur lalaki mah kitu, tapi keur kuring mah kararagok, jaba sakapeung sok sieun disogot sungut kuda deuih lebah dinya teh, maklum loba kuda sewakeuneun pikeun jalan-jalan. Enya rieut lah Bandung teh ayeuna mah, identik jeung macet, macet-suracet di mamana jeung iraha bae anger macet, sigana ngan wanci janari leutik meureun nu teu macet teh.

Lolos ti simpangan Ganesa jeung Kebon Binatang, rada bangblas saeutik, tapi barang sup ka simpangan Dayang Sumbi, geus macet deui bae, komo lebah urut rumah makan Babakan Siliwangi mah, Gusti nu Agung na macet mani kacida-cida teuing. Asrog-asrog saeutik-saeutik, jaba lapar, jaba haseup patali marga, jaba kekebul taneuh garing, can nu nawaran cai akua jeung roko, padagang asong geus teu di simpangan jalan deui ieu mah ranyong bae sapanjang jalan. Nepi ku nepina ka lebah Gandok, didieu mah komo mugen pisan, beu teu maju pisan, papada embung eleh boh nu ti tonggoh nu ti Ciumbuleuit, boh nu ti Cihampelas oge nu ti Babakan Siliwangi siga kuring, kabeh embung eleh, jeung deui eta angkot naha bet ngetem lebah jajalaneun ka Cihampelas, can nu dagang minuhan trotoar, pusing lieur, kacida yeuh Bandung teh, lain bae heurin ku tangtung tapi heurin ku sagala.

”Cahem-Ledeng....Cahem-Ledeng” sora kenek jeung supirna patembalan, sigana urang Batak da nyebut Cicaheum nage Cahem lain Caheum.

Sabar, sabar ulah gede ambek, kudu ngawayahnakeun, keun bae itung-itung latihan kasabaran. Antukna bisa oge ngaliwatan simpangan Gandok, euh....Gusti Nu Agung lebah kampus Unpar geus macet deui bae, bubaran kuliah jeung kantorna. Pusing ari geus kieu teh serba salah, naek angkot macet kalahka cangkeul bujur, kana motor siga ayeuna sami mawon bae hese maju, leumpang bae kitu, ah cape atuh jaba nanjak, jeung rek dikamanakeun ieu motor. Barina oge ieu teh jaman merdeka, jaman kamajuan naha make kudu leumpang sagala. Leumpang mah jamanna aki kuring, aki Enjon, cenah mun rek ka Pasar Baru teh nikreuh leumpang lempeng ti Rancabentang ka jalan Ciumbuleuit terus ka Gandok, terus mapay jalan Cihampelas, saterusna malibir ka pabrik kina, bras ka Cicendo, meuntas erel kareta, jog bae anjog ka Pasar Baru. Pira ge Balubur-Rancabentang ari keur keuna ku macet naha mani kudu ngalalakonan leuwih kana sajamna, padahal mun keur lancar mah ngan ukur sapuluh atawa lima welas menit.

Motor ditungtung ka parangan saterusna diunggahkeun kana teras, kakara ge ngonci motor, torojol teh Yayah rencang kulawarga kuring nu satia mani hariweusweus.

”Teh Teti, hapunten, ulah kirang ngahapunten abdi teu tiasa ngajaga barang kagungan Ibu, hapunten pisan” pokna.

”Naon ieu teh Yayah, mani hariweusweus, ke atuh Teteh teh cape keneh kakara ge datang”

”Hapunten Teteh” Yayah ngelemes.

Yayah teh rencang kulawarga kuring anu satia, umurna pakokolot supa jeung kuring. Kuring baheula diasuh ku indungna, Bi Ramsih. Sanggeus Bi Ramsih taya dikieuna, Yayah ngilu jeung kulawarga kuring, sabenerna mah henteu dianggap rencang ketang, dianggap anggota kulawarga bae, da enya asa ka dulur, dalah ku kolot kuring Yayah teh disakolakeun nepikeun ka lulus SMEA.

”Bade ngaleueut naon Teteh, cai es?” manehna nanya deui.

”Maenya cai es sakieu sareupna, hayang ge Teteh mah cai teh haneut, aya?”

Belenyeng Yayah lumpat ka dapur, panggih deui dipatengahan manehna nanggeuy sagelas cai teh haneut dina baki. Sanggeus ditampanan regot saeutik-saeutik diinum bari ditiupan. Yayah diuk na korsi hareupeun kuring. Sanggeus rada reureuh pok kuring nanya:

”Naon Yayah, aya naon pok caritakeun”

”Kieu geura Teteh, tadi enjing kinten-kinten tabuh sawelas, waktos abdi nuju nyampay-nyampaykeun popoean. Ua Eulis sumping nyuhunkeun boboko enggal kagungan jenatna Ibu. Saur abdi teh teu terang dimana nyimpenna oge, aya ge boboko biasa nu sadidinten dianggo sangu, da saleresna teu terang atuh Teteh. Tapi Ua Eulis kalah teras lebet ka goah, teu lami kaluar deui bari ngajinjing boboko, muhun boboko enggal anu teu kantos dianggo ku jenatna Ibu, boboko anu aya tutupan tea Teteh, boboko anu candak jenatna Ibu waktos nyaba ka Tasik” ceuk Yayah mani serieus.

Kuring ngahuleng sakeudeung, baruk bet aya boboko anyar di goah, cenah ceuk Yayah mah aya dua deui. Sibuk tuda, boro-boro laha-loho ka goah teu apal, enya eta ge kungsi Ibu nyarios cenah meunang boboko ti Tasik mani gareulis, tapi da teu kungsi ningali. Eta Ua Eulis mani apal nundana, mani apal disimpen di goah, tapi sigana mah teu rek apal kumaha da sadidinten sok idek liher di imah jeung Ibu, enya Ua Eulis teh lanceukna Ibu pituin anu cikal. Can karoris kabeh barang Ibu teh, kakara kitu bae papakean jeung perhiasan, pakepuk urusan administrasi di kantor loba mahasiswa S3 anu rek arujian, ari tanaga administrasi ngan ukur kuring, atuh sagala dipigawe, ti mimiti nyieun surat ondangan jeung memperbanyak abstrak disertasi, nepi ka konsumsi-konsumsina.

”Yayah, ke ari Apa kamana?”

”Bapa mah tadi tabuh lima tos angkat ka Masjid, saurna pami Teteh bade tuang wengi mah ulah ngantosan Bapa, margi Bapa mah bade teras amengan ka Cisatu, duka kasaha teu nyebatkeun” walon Yayah.

Emh, hawatos ku Apa, sanggeus dikantun ku Ibu, anjeunna unggal wengi sarengsena shalat isa tara enggal-enggal mulih tapi sok nguruling nyemah ka sobat-sobatna atawa ka baraya jauh. Sigana Apa teh ngaraos sepi di bumi mah, teu rek sepi kumaha di imah ngan ukur kuring numasih keneh lalagasan jeung katilu Yayah. Adi kuring, Aden, nu ngarunghal kuring, manehna geus rarabi ka urang Subang, geus imah-imah sorangan di Subang di lembur pamajikanana. Rek lahlahan nyarios ka Apa sangkan ngemut deui piistrieun da pantes keneh atuh kakara ge genep puluh dua taun, sangkan Apa teu nguluwut teuing, sangkan Apa aya batur. Tapi teu wasa rek nyarita teh, asa-asa, sok sieun malah ngajaheutkeun manahna, enya tuda kakara ge dua poe kaliwat opat puluh dintenna Ibu, Ibu ngantunkeun alatan komplikasi jantung. Rengse sholat magrib kuring dahar jeung Yayah, enya asa cawerang dahar teh taya Ibu mah, sasarinamah sok bareng jeung Ibu, jeung Apa, ari ieu ngan ukur dibaturan Yayah.

”Yayah, ari balendrang aya keneh?” teuing ku kabeuki kuring mah kana balendrang teh. Enya balendrang sesa tumis urut hajat opat puluh dintenna Ibu.

”Nyeta Teteh, panan tadi bada lohor aya Ua Epon, saurna nyuhunkeun rencang sangu kanggo Cep Endat nu nembe wangsul ti sakola, anjeunna kakaratak kana lomari makan Teteh. Saurna nyuhunkeun goreng kere, gepuk sareng balendrang. Eta ge ku abdi kantos diwagel, cekeng teh Ua eta balendrang mah kalandep Teh Teti, tapi saurna ah maenya Teti murak keneh balendrang arek ge KFC atawa Hoka-Hoka Bento, tah kitu saurna teh Teteh”

”Har naha, paingan atuh ieu goreng kere jeung gepuk ngan ukur tinggal dua keureut deui, ari sugan teh ku Yayah atawa ku Apa dituang”

Asa ku wararani geuningan sanggeus Ibu ngantunkeun teh, bongan enya kabeh dulur ngariung di Rancabentang, imah teu sirikna paadek hateup. Harianeun eta Ua Epon mani sagala diringkid ceuk paribasana tumis garing ge dipenta. Geus puguheun kana papakean Ibu, ti mimiti sinjang, juping, kerudung, dalah kaway jeung lancingan lebet anu sarae keneh mah kabeh ge geus dibagikeun walatra ka wargi-wargina Ibu, kuring mah ngan ngampihan sasetel pikeun kenang-kenangan. Lain teu hayang make anggoan tilas Ibu, ngan nyaeta panan jenat Ibu mah bayuhyuh, ari kuring begeng kerempeng. Dahar teh teu pati gede sanajan lapar, enya tuda kaganggu ku kalakuan Ua-Ua mani asa wararani pisan sanggeus Ibu taya dikieuna teh.

***

Kakara ge rek jung pisan indit, hayang isuk keneh hayang jam genep sugan meh teu macet ka kantor teh, tapi jol teh Ua Oya.

”Tet, dagoan heula sakeudeung”

”Eh Ua, wilujeng enjing Ua”

“Tet, ieuh Ua mah rek balaka bae ka Teti, moal nyokot mangsa Teti euweuh, Ua mah hayang kasaksian ku Teti mawana”

“Naon tea Ua ieu teh?”

“Enya boboko tea, maenya Ceu Eulis geus ngabogaan ari Ua henteu, kade ulah pilih kasih da sarua lanceukna jenatna Ibu, cenah lain aya dua deui? Ua menta hiji, da moal burung teu dibikeun ku jenatna Ibu ge”

“Har, Ua sanes pilih kasih, dalah abdi mah bobokona ge teu acan kantos ningal-ningal acan, mangga teh teuing aya mah, mangga suhunkeun ka Yayah da aya di pengker, abdi mah bade ka kantor, sieun kapegat ku macet, mangga bae tepangan Yayah”

”Nuhun atuh Tet, jung rek ka kantor mah, kade sing ati-ati nya” Ua Oya bangun nu atoh manehna ngajujug ka lawang dapur, biur kuring indit gagancangan. Naha atuh kakara ge rek leok mengkol ka jalan Ciumbuleuit, Ua Encum gegerewekan, sigana balik ti warung tah Ua Encum teh.

”Tet, eureun heula Tet, Ua aya perlu sakeudeung bae”

Reg motor dieureunkeun, geus panggih deui bae jeung Ua, enya tuda jenatna Ibu kagungan lanceuk opat kabeh istri sadayana, da nu pamegetmah kabeh rai-rai Ibu, opat deuih, ngan Emang-Emang mah kabeh ngalumbara, rajeun aya nu di Bandung ge jauh di Bale Endah.

”Aya naon Ua?”

”Tet, ke ari sepre jenat Ibu anu kenging ngagaleuh ti Jogja waktos jenatna Ibu piknik ka Jogja aya keneh?”

”Tangtos bae aya mah Ua”

“Tah dimana ayeuna barangna Tet?”

Memeh ngajawab kuring mikir heula, sigana si Ua Encum rek menta sepre yeuh, Gusti nu Agung naha mani ngorobokan kabeh, euweuh nu sahulueun hijige, kabeh hayang barang jenatna Ibu, teu mikir ka kuring anakna, atuh eta deuih ka Apa, panan Apa aya keneh.

”Ua, sepre sareng perhiasan mah disimpen ku Apa, abdimah teu terang nyimpenna, mangga bae taroskeun ka Apa, ayeuna nuju di Masjid keneh rupina mah, da tadi memeh adzan subuh angkatna teh, tah engke mulihna sok wanci haneut moyan, wanci neda enjing.” Sugan bae atuh ari dibejakeun disimpen ku Apa mah moal hayoh bae natanyakeun, maenya teu era ku si Apa, da dihenteu-henteu oge deungeun-deungeun.

”Euleuh kitu nya Tet, nya teu sawios atuh, satadina manawi teh ku Teti rek dipasihkeun ka Ua” si Ua teu euleum-euleum.

Biur kuring indit deui bangblas di jalan Ciumbuleuit, ngeunah can macet, tapi lebah Gandok mah anger bae sanajan kakara satengah tujuh isuk ge geus macet. Mengkol ka jalan Babakan Siliwangi, macet saeutik palebah simpang Ganesa, sup ka kantor lebah Balubur, jam tujuh teng. Sepi keneh, da kantor teh bukana jam dalapan atuh, ah mening ge nundutan di kantor ti batan mugen macet mah. Beres ninyuh kopi gek diuk, bet inget deui kana kalakuan lanceuk-lanceuk Ibu, ngadon pahibut ngorobokan barang jenatna Ibu. Enya teu pira ngan ukur boboko, samak, ayakan, atawa dahareun jeung sajabana. Tapi panan kuring ge butuh keneh atuh nu kararitu teh, da kuring ge resep keneh nunda sangu dina boboko, jeung panan Apa aya keneh, kumaha mun engke Apa kaparengkeun boga deui pamajikan, maenya kudu sagala meuli deui mah.

Kamari Ua Eulis menta boboko bari maksa, enya satengah maok, da kuring mah teu ningali mawana oge, tapi najan kitu pek teh teuing moal burung diridokeun, hade goreng ge dulur jenatna Ibu, sasatna Ua kuring sorangan. Atuh kitu deuih Ua Epon nu sok wani pisan kakaratak kana lomari makan, dalah kana pabetekan wadah sumuru-samara ge Ua Epon mah wani pisan, teu nyaho bawang sasihung, cengek dua siki, najan tarasi sakeureut ge ari keur butuh mah sok dirarad. Sakapeung sok hayang seuri puguh ge, teu ngari sesa tumis, ungan-angeun, dalah huhuluan oge sok dicandak pajahkeun teh nyaah keur ucing. Ari tabeatna Ua Oya, sok rajeun nalengteng nanaroskeun naha mere naon kasi Ua Anu atawa ka Ua Anu, bangun sieun pisan anu kaliwat, padahal sagala sok dipupujuhkeun, komo waktos Ibu jumeneng keneh mah mun barang-bere teh sok diheulakeun, karunya cenah Ua Oya mah kudu diheulakeun sabab sok rada belikan. Ua Encum tara pati puntu-penta kana dahareun mah, ngan eta pari basa, geus teu gaduh kedurung, sendal pegat, atawa kabaya geus lalayu sekar, dasar jenatna Ibu sagala asih sagala sok dibikeun, geus puguh ari duit mah, ceuk paribasana kabeh suan anu masih keneh sakola di sd, smp atawa smu mah sok dibekelan atawa dalah sppna ge sakapeung sok dibayar ku Ibu.

Ningali kana kaayaan milik dulur-dulur Ibu atawa palaputra Aki Enjon-Nini Jumsih, enya diantara nu awewe mah ngan Ibu nu hirupna bisa disebutkeun leuwih ti cukup teh, lanceuk-lanceukna mah nya kitu tea wae ngan ukur cukup kakapeungan lolobana mah sok loba kakurang, nya ka Ibu lumpatna teh, untung Apa mah jalmi soleh bageur pisan, tara pisan ngarasula dirongrong ku dulur Ibu teh. Keurmah Apa waktos damelna beunang disebutkeun boga kadudukan, dalah Ibu ge panan mantan kapala sakola smu. Katambah deuih anakna ngan ukur dua, enya kuring jeung si Aden adi kuring. Sedengkeun Ua-Ua, aya nu salapan seperti Ua Eulis, Ua Epon mah komo mani ngawelas, enya sawelas, Ua Oya mah saleuheung ngan genep, kitu ge ketah nu aya, da nu maotna ge aya kana duana. Ua Encum mah gaduh tujuh, mangkaning aya nu leutik keneh. Beda jeung rai-raina Ibu, Emang-Emang sasatna, kabeh nu opat teh hirupna harurip, tambah-tambah teu laloba anak, ngan ukur dua atawa hiji. Nu matak waktos Ibu ngantunkeun teh, Ua-Ua bangun siga nu kanyenyerian, ceurikna ge mani jentre ”Ratniiiiii.....kumaha atuh Euceu, naha waka ninggalkeun Ratniiiii......”.

Sakapeng sok boga rasa goreng hate, sedih soteh meureun, ceurik soteh meureun, lain ku tilarna Ibu, tapi ku leungitna jalma nu asih, nu sok nyaah, nu sok barangbere, jadi sedih euweuh panglumpatan lamun boga ka kurang. Na asa ku egois teuing, lain kumaha nu maot, ieu mah kalah kumaha maranehna, geus puguh maranehna mah masih harirup keneh, masih bisa ihtiar. Tapi kuring sok buru-buru istigfar, sok emut kana kasauran Ibu: ”Rejeki aranjeunna eta teh Tet, ngan ngaliwatan leungeun urang, urang kudu rido mikeunna”. Kasauran Ibu anger jadi pangeling ka kuring, kusabab eta mangga teuing boh boboko, boh dahareun, boh barang sejen sadayana, kuring rido, pamugi sing enggal kagantian, da panan rejeki mah tara salah sok datang kanu hakna.

”Hoyah Bu Teti ngalamun euy, jam sabaraha sumping mani rajin?” Sora Ibu Nunung batur saruangan. Geuningan enggeus ampir jam dalapan, jam mimiti digawe, banget teuing ngalamun teu kadenge sorana waktu Bu Nunung mukakeun panto kantor, jol geus aya di jero.


Tungtung Seoul: Salasa, 1 November 2005. Panineungan Ciumbuleuit.

Tuesday, December 12, 2006

Nu Dareuda di Korea

Mangle No. 2032
hal. 49-51
Kaping terbit:
8-14 September 2005

Carpon:
Kang Ya


=================

Korejat hudang, teu terus nangtung ngan gek diuk na luhureun kasur, gasak-gisik, enya teu salah yeuh dedengean teh, sidik sora telepon disada, atawa palangsiang kuring ngimpi, enya kitu ngimpi? Jeletot nyiwit sorangan, karasa nyeri. Saha atuh nya nu nelepon wayah kiwari ieu teh? Ret kana jam nu naplok na tembok, kakara tabuh opat subuh. Hate mimiti cangcaya, moal enya Bapa mah, apanan samemeh unggah kana pangsarean teh tadi nelepon heula ka lembur. Cenah Bapa mah nuju kulem. Tapi boa-boa apanan hirup mah lain didodoho ku pati? Tisaprak Bapa teu damang wales, sanajan ayeuna geus angkeut-angkeut ka damang deui, anger bae hate mah cangcaya sok sieun boa-boa. Ngarah hate tenang mendingan di telepon bae kitu? Tapi apanan meureun kakara tabuh dua di lembur mah. Ah mendingan di telepon bae. Barang gagang telepon rek diangkat, ngan sirikna teu ngagurubug, telepon disada deui tarik pisan bubuhan wanci janari. Gap gagang telepon diangkat.

“Halo, halo, leres kitu ieu teh bumina Pa Yaru” ceuk sora semu ngageter.

“Eh…saha ieu? leres sim abdi nyalira”

“Aduh Bapa hapunten, hapunten pisan, abdi seja neda pitulung, punten Bapa, abdi teh Kinkin, panginten Bapa mah moal terang ka abdi” eces soranamah sanajan rada haroshos jeng kawas anu ngahodhod hatirisan. Teu rek katirisan kumaha apanan ayeuna keur usum tiis, sakeudeung deui oge salju bakal turun, minggu hareup siganamah. Saha jalmana nu rek lumantung subuh dina usum nu kacida tiisna.

“Dimana ayeuna Kinkin teh?”

“Di dieu Bapa di payuneun bumi Bapa”

“Euleuh ke sakeudeung…..”. Terus kuring cengkat jung nantung kapatengahan rek ngilikan monitor panto. Enya bae geuningan aya jalma keur ngahodhod kabulusan na hareupeun panto gerbang. Cet tombol panto dipencet, bray muka. Sup Kinkin asup ka pakarangan. Geuwat kuring muka panto imah.

“Yap asup Kin” cekeng teh.

Sanggeus asup gek Kinkin diuk na korsi sangeus ku kuring dititah. Mesin panghaneut dihurungkeun rada gede ngarah Kinkin teu katirisan teuing.

“Ngeser ka dieu diukna yeuh rada deukeut kana mesin panghaneut ngarah tereh sirna tirisna, bawa bae jeung korsina” ceuk kuring. Katempo Kinkin nurut kana omongan kuring. Sawatara waktu katempo gado Kinkin geus teu noroktok deui.

“Rek nginum naon Kin?”

“Teu langkung Bapa, kahoyong mah bandrek….”

“Eh naha da aya keneh, apanan liburan usum panas kamari Bapa ka Bandung, mawa bandrek instan 60 bungkus, enya maksud teh keur nyanghareupan usum salju” Kuring ninyuh dua gelas, sok sagelas dibikeun ka si Kinkin, teu kungsi dititah ngan regot bae diuyup saeutik-saeutik.

“Nuhun Bapa”

“Ke…naha ieu teh aya naon bet kieu? jeung naha nyaho timana imah Bapa? Kumaha deuih lalakonna pangna bisa nepi ka imah Bapa?”

“Numawi Bapa, dasar nasib abdi sisit kadal, eh…ari terang ka Bapa mah tangtos bae terang, apanan waktos Bapa masihan ceramah perbekalan di KBRI kanggo ka para TKI anu bade wangsul ka Indonesia panan abdi oge hadir, tah harita abdi terang ka Bapa malah kantos nyerat alamat bumi ieu sareng nomer teleponna, harita mah abdina nuju legal keneh Bapa”

“Har ari ayeuna?”

“Nyeta Bapa, abdi beunang kabibita ku babaturan, ngadon kabur ka pabrik sejen, teu kungsi bebeja kanu boga pabrik nu tiheula da tangtos moal diidinan, nya kabur, ari kabur tea paspor teu tiasa kacandak da pasporna dicekel kunu boga pabrik” omongna semu kaduhung.

“Cik kumaha ieu teh, kabur kumaha?”

“Muhun abdi diajak pindah ka pabrik boneka di Ansan ku si Sarja, da cenah gajihna dua tikelen, muhun leres sabulan-dua bulanmah nu boga pabrik teh mayar bener, tapi bulan katilu abdi ngan dibayar 500.000 won, teu tiasa protes dapuguh teu nyekel paspor katambih-tambih deui kartu alien abdi parantos kadaluwarsa, parantos langkung sataun, teu tiasa memperpanjang da puguh teu nyekel paspor tea, muhun ayeuna abdi tos janten TKI ilegal, cenah mun abdi protes masalah gajih, abdi bakal dibejakeun ka kantor imigrasi, atuh abdi panginten dideportasi Bapa”

“Enya keun bae atuh dideportasi ge, alus bisa balik haratis”

“Ih…sanes kitu Bapa, panginten pami abdi wangsul ayeuna ka lembur rek timana abdi mayar hutang, apanan tiasa kadieu teh abdi ngical sawah dua kotak nu pun biang, mangkaning sawah bagikeuneun, muhun sawah warisankeuneun tea, jeung nambut artos ka bank desa, muhun artos timana kanggo pantaran abdi 45 juta, numawi abdi luas kabur ge hoyong kenging artos rada ageung supados hutang enggal kabayar. Pami ngandelkeun nu legalmah panginten hutangteh dietang nembe tiasa kabayar 18 bulaneun, tapi ari ku ilegalmah susuganan tiasa kirang ti sataun, da puguh saurna gajihna tiasa dua-tilu kali lipet, tapi bet kieu jadina geuningan Bapa nasib abdi teh”. Luk si Kikin tungkul, ramo-ramona mintel-mintel tungtung jaketna.

”Terus kumaha tah lalakonna pangna Kinkin nepi ka dieu, enya nepi kaimah Bapa ayeuna?”

”Numawi kieu Bapa, kinten-kinten tabuh opat sore kamari teh, cenah ribut aya razia pagawe ilegal. Sadaya padamel di pabrik teh aya 40 urang, 12 urang Korea, 8 ti Banladesh, 4 ti Thailand, 6 ti Pakistan, sesana 10 urang ti Indonesia kaasup abdi jeung si Sarja. Ampir sadayana padamel asing nu damel dieta pabrik mah statusna tos ilegal” Kinkin eureun heula nyaritana terus ngaregot deui bandrekna.

”Waktos nguping aya razia padamel ilegal, abdi sabatur batur kacida panikna, kitu deui Sajangnin, Sajangnim teh sesebatan kanu boss atawa ka dunungan Bapa. Ku Sajangnim abdi sabatur-batur buru-buru dititah nyumput, sawareh diasupkeun ka gudang, sawareh deui disina lumpat nyumput di kebon di tukangeun pabrik, abdi kabagean nu kedah nyumput di kebon tukangeun pabrik”

”Lamun aya razia tah kumaha ketakna Sajangnim teh Kin?”

”Saurna sawatara waktos katukang mah, upami aya pulisi sareng patugas ti imigrasi Korea nu datang ka pabrik, gampil cenah pasihan bae amplop, pasti moal ngungsi ngagaladah mariksa hiji-hiji pagawe, tapi ayeunamah benten cenah, patugasna teu tiasa disogok, teu tiasa dibahanan duit. Malihmah saurna pami kapendak di hiji pabrik aya nu ilegal, Sajangnimna tiasa didenda dugi ka tiasa dijebloskeun ka panjara sagala” walon Kinkin.

Enya hade nya pulisi jeung patugas imigrasi di Korea mah, geus aya perbaikan geus aya reformasi, geus teu bisa disogok deui. Samemehna kuring ge kungsi ngadenge yen pulisi jeung patugas imigrasi Korea watekna ampir sarua jeung di urang, bisa disogok bisa dibibita ku duit, tapi ayeuna di Korea kabeh geus aya parobahan. Kumaha tah ari diurang? Sigana hese pisan rek rareureuh kana narima duit panyogok teh, teu rek reureuh kumaha da gajih nage teu nyukupan pangabutuh, hahargaan teu sabanding jeung panghasilan.

Mun dibandingkeun, gajih di Korea jeung di Indonesia, beu asa pamohalan bisa hirup ku gajihna Indonesia mah. Sok geura bandingkeun, tong waka ngabandingkeun sa-won sarua jeung 10 perak, ayeunamah urang bandingkeun bae antara pangala jeung balanja. Lamun urang gawe di Korea boga gajih sajuta won kacida nyukupanana pikeun sabulaneun teh, teu rek cukup kumaha da harga endog ngan 80 won sasiki, mun meulina loba bisa kaitung 50 won sasiki. Hayang ka sauna babari jeung murah, enya ngan 2500 won saseubeuhna, kitu deui harga yakult ngan ukur 50 won. Hayang ka KFC, murah kacida ngan 3000 won jeung inumannana bisa nambah saseubeuhna, ka bisokop ngan 6000 won mun peuting, mun beurangmah murah pisan ngan 4000 won, atuh angkutan umum boh beus boh kareta bawah tanah (subway) jauh deukeut ngan ukur 900 won. Jadi mun boga gajih sajuta teh bisa ngahenang-ngahening, gaya hirup modern kayaning ka sauna, ka bioskop, jeung ka KFC bisa kahontal.

Kumaha ari di urang, sanajan gajih urang sajuta perak, anger bae moal cukup, sabab harga endog wae geus 600 perak sasiki. Hayang ka sauna moal kaalaman da 80 rebu perak, lebar teuing ampir 10% tina gajih, kitu deui bioskop panan 15 rebu, atuh inuman kasehatan yakult panan 2500 perak, moal kainum kunu hirupna leutik mah. KFC, beu lebar teuing panan 25 rebu jeung kejona, jaba inuman koka-kola-na teu bisa ditambahan mun beak teh. Jadi nu jadi masalahmah lain mahalna hahargaan atawa leutikna gajih, tapi sabandingna antara panghasilan jeung pangaluaran. Lamun hahargaan siga ayeuna, bakal karasa ngeunahna lamun panghasilannana 10 kali lipet, atawa sabalikna, lamun panghasilan siga ayeuna, nya hahargaan kudu turun 10 kali lipet leuwih murah.

Teuing, teuing dimana salahna, naon nu jadi lantarannana pangna antara panghasilan jeung pangaluaran di Indonesia anger teu kaharti ku akal, dimana salah na? nyao teuing dimana. Sakitu sarjana ekonomi ngaleuya, insinyur ngahuyud, doktorrandes nyayeud, tapi naha kaayaan ekonomi anger amburadul, cik saha nu salah? Sigana korupsi nu boga jejer ancurna perekonomian di Indonesia.

”Bapa teraskeun entong dongengna teh?” Kinkin nanya bari semu heran, sigana manehna heraneun ningali kuring nu kalahka ngahuleng mikiran perekonomian Indonesia.

”Ih tangtu bae teruskeun Kin, geus nepi kamana?”

”Saterasna kieu Bapa, kusabab pulisi jeung patugas imigrasi teu bisa disogok tea kuayeunamah, nya seueur Sajangnim anu ngabogaan pagawe ilegal sok nitah nyumput ka pagawe ilegal pami aya razia. Tadi tos dicarioskeun abdi nyumput di kebon tukangeun pabrik, abdi bangblas kukurubutan di kebon, antukna dugi ka rel kareta api, terus abdi mapah. Jog anjog ka statsiun Yesan, kusabab tos poek abdi ngemut kamana nya laku sabab can aya nu nelepon yen razia geus simpe. Akhirna abdi emut ka Bapa, kadieu di Seoul, abdi bade ngiring nyumput, kaleresan aya kareta anu ka Seoul-keun, nya biur abdi ka Seoul, dugi nya ka bumi Bapa wanci janari ayeuna, kitu manawi Bapa” ceuk Kinkin dareuda tur ngalimba.

Deudeuh teuing hate nyarita sorangan. Kakara kamari pisan ngadenge beja ti Pa Rizal urang PJTKI yen tanaga kerja asing di Korea kaasup TKI anu kaasup ilegal ditewakan, digerebeg ka pabrik jeung kapanganjrekkannana, diasup-asupkeun ka panjara, saterusna dideportasi dibalik-balikeun ka nagarana masing-masing. Saha atuh ieu teh nu kudu tanggung-jawab, naha parusahaan penyalur tanaga kerja atawa pamarentah? Ceuk pamikirmah sigana pamarentah anu kudu tanggung jawab teh, bongan teu sanggup nyadiakeun lahan gawe, bongan teu sanggup ngawalatrakeun kahirupan.

”Kin, sajaba ti kasus samodel Kinkin, nu kumaha deui nu bisa ngajadikeun teu legal teh? ceuk kuring panasaran.

”Seueur Bapa, aya nu ilegal lantaran lebet ka Korea nganggo visa turis tapi saatosna aya di Korea maranehna nareangan damel da memang niatna ge didamel sanes jadi turis, jeung teu aruih deui ka lembur, tah nu kieumah samemeh taun 2004 mah seueur pisan, da panan haritamah tiasa lebet Korea tanpa visa kanggo kunjungan singkat sapertos turis” walon Kinkin daria. Kinkin eureun heula nyaritana diselang ku ngaregot bandrek.

”Aya oge nu ilegal kulantaran saatosna seep kontrak training maranehna aralimeun uih deui ka Indonesia, antukna maranehna kalabur ka pabrik sejen, kitu Bapa manawi ge” ceuk Kinkin.

Dua minggu kaliwat kuring ngadenge dongeng ti barudak TKI anu panggih di masdjid basa Jumaahan, yen cenah si Bandi nepikeun ka kapiuhan di kebon anggur. Harita bada Isa, si Bandi sabatur-batur keur rareureuh dipanganjrekannana, teu kanyahoan datangna patugas imigrasi ngagerebeg panganjrekan si Bandi, dua baturna beunang ku patugas, si bandi luncat kana jandela terus lumpat kabur nyumput di kebon anggur, tada teuing tirisna mangkaning ngahaeub kausum salju. Si Bandi nyumput di kebon anggur nepi ka subuh, katirisan nepi kakapiuhan, isuk-isuk kapanggih ku baturna, untung katulungan.

Kadenge keneh sora si Engkus urang Soreang basa panggih di KBRI minggu kamari. ”Abdimah Bapa teu wantun kana angkutan umum sapertos kareta api bawah tanah atawa beus pami ka KBRI teh, sok kana taksi wae sanaos awis oge, sieun abdimah Bapa, sieun katewak ku petugas imigrasi, ke pami katewak atuh abdi dibalikeun ka lembur. Di lembur tea abdi bade gawe naon? Macul? Teu aya paculeunana ge da sawahna geus beak dipake ngawangun pabrik, sedengkeun pabrikna teu narima abdi gawe”.

Teuing naon atuh disebutna, lingkaran setan kitu? Atawa naon? Pamarentah Korea hayang meresihan nagarana tina para buruh ilegal, tapi lamun para buruh ilegal ditewakan dibalikeun ka nagarana masing-masing bakal loba industri menengah kecil nu bakal bangkrut, sabab kaleungitan pagawe. Geuningan basa dua taun katukang aya pemulangan para buruh ilegal, panan nu baroga pabrik teh demonstrasi ka pamarentah Korea sabab euweuh jalma anu gawe. Pabrik menengah kecil tea panan leuwih hade narima tanaga buruh ilegal batan kunu legal mah, sabab lamun nu legalmah loba pisan anu kudu diurus, kudu mayar pajeg, asuransi kasehatan, jeung sajabana. Antukna aya pangampunan, pagawe ilegal bisa terus di Korea asal kudu terdaftar. Ayeuna geus der deui tanaga ilegal ditewakan dibalik-balikeun, naon kawijaksanaan pamarentah Korea ayeuna, kuring teu pati apal, ngan cenah aya paraturan anyar pikeun narik pagawe asing di Korea.

”Kin tunduh?” cekeng teh, katingali si Kinkin merelek bae heuay.

”Nu mawi Bapa abdi teh cape pisan”

”Jung atuh geura reureuh tuh dikamar itu” si Kinkin ngagoloyoh ka kamar teu kungsi lila kadenge kerekna mani nyegrek.

***

”Kin naon atuh nu ku Bapa bisa dibantu? Ayeuna Bapa rek indit ka kantor”

”Manawi diidinan abdi made ngiring reureuh heula didieu di bumi Bapa, bade ngemut, naha bade ka KBRI nyuhunkeun serat uih ka Indonesia, atawa nekad neruskeun lalakon di Korea, atawa kumaha, abdi bade ngemut heula” walonna.

”Enya pek bae atuh nya”

Meunang tilu peuting Kinkin ngendong diimah kuring, budakna bageur bisa nitipkeun maneh, atuh salila aya Kinkin kuring teu kungsi beberesih imah da sanajan teu dititah oge, Kinkin hideng sorangan beberesih. Poe kaopat Kinkin di imah kuring, wanci sareupna kuring balik ka imah, imah suwung sepi cara sasari samemeh aya Kinkin, unggal rohangan ditempoan bari ngagentraan Kinkin, anger suwung. Saklar listrik da tembok dipencet, bray caang, wanci harieum beungeut puguh ge, jadi teu pati awas. Ret kana luhureun meja di patengahan aya keretas salambar, baruk geuningan surat ti Kinkin, surat diilo, unina kieu:

Kahatur Bapa Yaru anu ku abdi dipihormat,
Hatur nuhun kana kasaeannana pamugi ngajantenkeun jalan ka syurga kanggo Bapa, Amin. Tadi abdi ditelepon ku si Sarja yen razia pagawe ilegal ayeuna rada simpe, kaleresan aya padamelan di pabrik paralon di Pohang, abdi bade lahaola, lah-lahkan mios ka Pohang rerencepan, bade neraskeun lalakon di Korea, bade dilakonan dugi kamana wae. Pami cenah eta abdi keuna ku sial katangkep ku pagawe imigrasi, abdi geus ridho wios dideportasi ge. Pamugi-mugi mah ulah waka katewak samemeh lunas hutang jeung boga bekel wangsul ka lembur mah. Sakali deui Bapa hapunten sareng hatur nuhun. Teu hilap abdi neda pidu’ana ti Bapa.

Baktos abdi,
Kinkin Mirajul Mutaqien

Kuring ngajanteng bari nyekelan salambar surat hareupeun meja nu nyanghareupan jandela. Deudeuh teuing Kinkin, deudeuh teuing urang Indonesia nu dareuda di Korea, baeu ku Bapa dido’akeun sangkan hasil nudi maksud. Beungeut-beungeut dareuda TKI di Korea ngelembeng, kagambar, kaimpleng, saurang-saurang nerembongan siga film, cumalimba, sanajan boga hareupan, sawareh siga nu nekad, top pati, top panjara, asal hirup boga pangala, sabab di lembur ngadon ngalanggur. Sup keretas ku kuring disisipkeun na buku harian. Samemeh gordeng jandela ditutup, kuring nyawang heula kaluar, ka luhureun suhunan imah tatangga, geleber aya sapasang manuk kachi silih udag, silih pacok siga nu keur macangkrama. Simpe.


Tungtung Seoul, 26 Juli 2005.

Monday, December 11, 2006

Antara Chang Hyun Sik jeung Park Siwon

Mangle No. 2023
hal. 49-51
Kaping terbit:
7 - 13 Juli 2005


Carpon:
Kang Ya


=============

Teuing geus sabaraha kali kuring kadieu, ka kuburan di mumunnggang pasir, pasir Ode lebah wates antara Korea Kaler jeung Kidul, teu pati jauh ti kota Seoul, lalakon 40 menitan mun nyetir sorangan mah. Geus ilaharna kuburan di Korea mah tara dina tanah datar tapi di mumunggang gunung atawa pasir, teu rek kitu kumaha panan Korea mah leuwih ti tujuh puluh persen lemahna mangrupa pagunungan. Wangunan kuburannana oge beda, taneuh digundukeun buleud lain manjang siga di urang. Sabeungkeut kembang eros beureum unggal kadieu tara poho sok ditunda na luhureun gundukan taneuh kuburan. Na tetengger atra tulisan ngaran Chang Hyun Sik ku huruf Hangeul, huruf asli Korea.

Teuing ku betah teuing ku tengtrem, tumaninah nganteur tineung di kuburan ieu teh. Sok wegah ninggalkeun, hayang ulin didieu sing seubeuh, nyacapkeun kasono, ngumbar lamunan kaliwat, hayang anyang-anyangan imah-imahan cara keur budak. Lamun ret ningal ka landeuh, pungkal-pengkolna walungan Imjin atra pisan. Walungan nu jadi wates antara Korea Kaler jeung Kidul. Sakapeung teuing ku hemeng, alatan beda faham, nu hiji ku keukeuh komunis nu hiji cenah ngagem demokratis, papaseaan geus leuwih ti satengah abad. Karunya, jeung dulur pajauh, jeung baraya anggang papisah, boa moal kungsi panggih samemeh paragat nyawa. Sanajan enya cenah ayeuna aya program reuni kulawarga terpisah, tapi da teu cukup ku kitu, cenah mah eta program teh ngan ukur kahontal kunu kandel eusi dompetna, teu kabedag ku waragadna utamana ku urang Korea Kaler.

***

“Teu resep uing mah Rin ka Kapten Chang Hyun Sik teh, kemba, angkuh, kasep-kasep ih, manglebarkeun uing mah, dasar urang Korea kasohor goreng budi”

“Naon ari Empup ngadon kukulutus, keun bae atuh da sifatna kitu meureunan, jeung deui teu kemba teu sing, komo mun angkuhmah, sawajarna bae ceuk ieu mah Pup, pedah eta tara darehdeh, enya da bawaannana kitu meureun. Jeung deui Pup panan nu goreng budi mah henteu di urang Korea bae diurang ge nu goreng mah goreng nu alus mah alus”.

“Tuh nya Rini mah mangmeunangkeun bogoh nya ka Kapten Chang Hyun Sik!”

“Yey..maenya jol-jol bogoh”

“Lain ari ceuk Rini, Kapten Chang Hyun Sik teh kasep henteu? gandang henteu?”

“Kasep atuh da lalaki, mun Nona Kim Eun Seok geulis”

“Sing baleg atuh Rin diajak ngobrol teh”

“Enyalah…kasep”

“Enya kasepnamah kasep, ngan ceuk Empup mah Rin mendingan Kapten Shim Jae Seon, ramah, someah, eh…tapi ketang cunihin Rin, lamun sasalaman curukna sok diutek-utek”

“Har ari Empup na mani teu aya lalaki nu bener, kabeh dicawad, kumaha tah ari si Kang Yaya?”

“Kang Yaya? sorry dori mori yah saya mah Rin sudah melupakannyah, teuing dimana tah mangkeluk teh, leboy si Kang Yaya mah Rin, ceuk beja mah geus ka Hawaii cenah gawe diditu”

“Rek kana beus rek kana taksi Pup?”

“Kana beus bae ah Rin meh murah jeung bisa nundutan deuih”.

Keur nungguan beus jol teh Kapten Chang Hyun Sik nyampeurkeun bari nanya.

“Masih disini? Menginap di mana?”

“Eh…hanyong hasimnika 1)” ceuk kuring jeung Puspita meh ampir bareng.

“Di wisma Halimun kagungan Dadali Air, Kapten sendiri tidur dimana?” ceuk Puspita.

“Saya tidur di Wisma Arirang milik Arirang Air” tembalna.

“Eh…kalau besok terbang kemana?” manehna nanya deui.

“Saya mah ke Taiwan, tapi Rini mah off” ceuk Puspita.

“Oh…betul off Rin? Kalau begitu tolong saya antar belanja ke Pasar Raya yah, saya harus kembali ke Seoul besok malam, tapi orang tua saya minta ole-ole, terutama kopi toraja dan dodol garut, mau kan Rin?” Ceuk Kapten Chang Hyun Sik bari neuteup ka kuring.

“Eu…baik” ceuk kuring pondok bari unggeuk.

Sabot kitu beus jurusan Gambir datang, sanggeus uluk salam jeung janjian tabuh sabaraha kuring rek nganteur Kapten Chang Hyun Sik. Kuring jeung Puspita naek kana beus biur indit, ninggalkeun Kapten Chang Hyun Sik nu masih keneh ngajanteng nungguan supir nu ngajemput.

“Nyaan kasep Rin, kasep pisan, lah aing mah goreng milik bet kudu hiber atuh isukan teh mun teu meureun uing nu nganteur teh Rin, gede milik Rini mah, sok we lah Rin ku Empup dido’akeun sing jadi”

“Naon..ieu teh Empup, bet teu gugur teu angin jol sing jadi bae, nya wajar bae atuh, panan lamun urang keur di Seoul oge sok dianteur ku urang Korea mun balanja teh”

“Inimah lain ceritanya atuh enden, naha teu ngajak Wida panan asli Jakarta beda jeung urang nu ti Bandung, komo panan Rini mah Bandung coret lain? Ti Sumedang Rini teh lain? Tah eta teh tandana aya hate aya karep, bujangan pan Kapten Chang Hyun Sik teh, jeung tacan aya beja boga kabogoh”

“Nyao ah….” ceuk kuring.

Ti harita kuring mimiti deukeut jeung Kapten Chang Hyun Sik, manehna pilot salah sahiji maskapai penerbangan Korea, Arirang Air. Dadali Air, hiji maskapi penerbangan Indonesia tempat kuring gawe, boga gawe bareng jeung Arirang Air, atuh kuring kalan-kalan sok kabagean hiber ka Korea, ka Seoul atawa ka Cheju. Kembang-kembang katresna mimiti mangkak, rasa deudeuh beuki nyayeud, kuring teh cenah kabogoh Kapten Chang Hyun Sik. Rasa cinta ngelehkeun sagala halangan-harungan, sajanan pihak kulawarga kuring mimitinamah teu ngidinan kuring papacangan jeung bangsa sejen teh, tapi ku kasumangetan manehna, boh Ambu boh Apa antuknamah teu langkung Rini cenah. Enya harita ge pihak kulawarga manehnamah can pati ngidinan, utamana teu pati satuju lamun Chang Hyun Sik pindah kapercayaan kana ageman kuring.

***

Sapasang manuk kachi, sabangsa manuk saeran, eunteup na dahan tangkal euneng nu rajeg sabudeureun pajaratan, daunna mimiti robah tina hejo jadi koneng nyaluyuan usum gugur, usum ganti warna daun, usum dadaunan muguran. Manuk teh bangun nu gumbira silih udag silih pacok, pacok kasono nyacapkeun kanyaah. Ku tengtrem jeung bagja hirup manuk di Korea, henteu sieun ku jiret, henteu sieun ku leugeut, sok komo ku bedil mah, estu bebas bangblas taya nu ngaharu biru, seubeuh pangrungrum, dinangna-dinengne, diawuran sisikian kabeuki, siki jagong, siki gandum sakapeng potongan roti. Mangsa usum halodo, tempat nginum manuk disayagianan, diunggal juru taman-taman teu elat wadah cai pikeun nginumna manuk. Mun hiji tangkal aya sayang manukan, tara kungsi diganggu, mun komo dipaok endogna, dalah patugas kebersihan ge tara wani nigas dahan nu aya sayang manukan, nyaan estu ngeunah pisan hirup manuk teh, rahayu naker, dalah barudak ge bungah bisa ulin jeung manuk liar. Ras inget ka nasib manuk di lembur sorangan, tong boroning sora rangkong, dalah sora jog-jog ge ngan ukur tinggal paribasana, boa-boa ketah naon ari hartina paribasa ”lir jog-jog mondok” oge geus teu aya nu nyahoeun. Baheula basa kuring keur budak, lamun halodo ngatrak-ngatrak sok rajeun kudu mandi ka tampian di lebak Cileutik, manuk saeran atawa sri gunting sok recet na runggunuk dapuran haur nu nyimbutan mata cai tampian. Kungsi lebaran taun kamari ngadon ulin ka tampian jeung barudak, satadina hayang nunjukkeun yen di lembur aya manuk nu siga manuk kachi, nyaeta manuk saeran. Lebeng euweuh tapak-tapakna acan, dalah runggunukna dapuran haur oge geus suwung teuing kamana. Cenah mah lain saeran bae nu leungit teh, dalah piit ge geus ngacir, cangkurileung teuing dimana, boa-boa galejra ngejat, kitu deui jeung ki bondol mangprung ka alak paul.

Ret kaluhur, langit bulao, bulao kacida, bulao pisan, jeung asa teuing ku luhur, taya aling-aling, taya mega najan sagudrat, beresih banglas ka jomantara. Lain-lain pedah usum gugur, nu ilaharna mun usum gugur cunduk, langit sok beresih, bulao, jeung luhur pisan, ieu mah sigana kacampuran ku beresih hawa, beresih sabab polusi geus heubeul bisa kapiara, pabrik nurut kana aturan, limbah runtah puguh ngolahna, wahangan lain tempat pamiceunan, dalah jarian ge ceuk bohongna teuing ku asri. Kumaha di lembur urang, kabeh geus mancawura, runtah ngayang, polusi kandel, kabeh nyayeud, matakna kasakit mangpirang-pirang, getih barudak Bandung cenah mah loba logam beratna, teu rek kitu kumaha tuda polusi udara di Bandung geus lain pibarayaeun, deudeuh!

***

Hujan gede dordar gelap, untung geus nepi ka wisma, teu jauh terbang teh poe ieumah ngan ka Manado, tapi asa teuing kucape, asa lungse. Rengse mandi goledag na kasur, rek sareupreupeun pisan harita teh, si Puspita tibuburanjat ngabejaan yen cenah dina CNN diberitakeun yen pesawat Arirang Air nu keur ka Guam keun cilaka, kabeh panumpang jeung awakna paragat. Leketey leuleus, naha Chang Hun Sik nu poe ieu boga tugas ka Guam oge cilaka, hate noroweco, teu puguh rasa tunduh kabur teuing kamana, dag-dig-dug teu puguh rasa. Geuwat nelpon ka kantor perwakilan Arirang Air. Enya cenah ngan can aya katerangan anu pasti saha-sahana awak pesawat nu jadi korban. Awak rampohpoy, leuleus taya tangan pangawasa.

Kapten Chang Hyun Sik, nu gagah, nu kungsi mapaesan hate kuring, nu geus mimiti diajar sahadat, nu geus teu murak deui daging babi, nu geus ngeureunan nginum soju 2), nu faseh bahasa Indonesiana, nu lelengkah halu bahasa Sundana, nu geus menta kuring ka Apa jeung Ambu, nu geus neundeun lelepen na ramo kuring, nu geus janji satia salamina, ayeuna geus euweuh dikieuna ukur runggunukna lemah beureum dibaturan ku tetengger, make tulisan Hangeul.

Kuring sideku, teuing nu kasabaraha kali, kuring ukur mencrong neuteup gundukan taneuh, kuring geus buleud nyieun kacindekan, kuring nyarita sorangan “Chang Hyun Sik shi 3), Rini cape, Rini bade liren jadi pramugari, moal aya tugas ka Korea deui, Rini bade wangsul ka Bandung, hapunten Rini moal tiasa ngalongokan deui, moal ngiriman deui kembang” teu kawasa kuring nyuuh na gundukan taneuh ceurik nyegruk.

“Rini shi….Rini shi…..” sora halon tapi jentre, tak-tak aya nu nyekelan, lalaunan kuring cengkat. Gebeg geuningan Park Siwon, manehna sobat Chang Hyun Sik, sobat dalit ti leuleutik, keur mah katalian ku dulur sasatna dulur sabrayna, panan cenah indung Chang Hyun Sik teh adi lanceuk jeung indung Park Siwon. Kungsi panggih sababaraha kali sabada papacangan jeung Chang Hyun Sik, dalah basa perpisahan maneh na nu rek neruskeun sakola doktor ka Amerika ge kuring hadir bubuhan keur aya tugas ka Korea. Ayeuna nganjanteng hareupeun kuring, tukangeunnana aya indung Chang Hyun Sik jeung indung Park Siwon nu carimbasbas rambay cimata, kuring ngeluk tungkul, cipanon juuh murubut.

“Rini shi neun chaju wachi? 4)” sora indung Chang Hyun Sik. Saterusna kuring dikaleng dituyun dibawa balik.

”Oneul, Hotel eso chamchaji manko, urijib eso jumuseyo. Neil Park Siwoni konghangeuro tangsin be-ungkalkoyeyo 5)” sora indung Park Siwon semu ngaharewos.

***

“Parantos Rin, mani sok lami ari nyekar ka kuburan Chang Hyun Sik teh, sakapeung mah Akang sok boga rasa timburu” ceuk Park Siwon. Kuring cengkat serengeh seuri.

“Ih naha make timburuan sagala, apan sobat jeung dulur sorangan, jeung deui apanan geus euweuh dikieuna” Jeletot kuring nyiwit leungeun Park Siwon. Manehna ngajorowok.

“Koma ya palli ga 6)” kuring ngageroan barudak.

Jisan jeung Jiwon nu keur ngudag-ngudag papatong lumpat nyalampeurkeun.

“Urineun Indonesia-e kalkoyeyo Appa? 7)” ceuk barudak ka bapana.

“Omma Keunappa sarangheyo 8)” ceuk Jisan nanya ka kuring.

“Ne…Appa do nomu sarangheyo 9)” walon kuring

“Omma, Keunappa kwa Appa reul katteun saram iyeyo? 10)” Jiwon nu nanya ayeunamah.

“Tanggeun ijji….11)” ceuk kuring bareng jeung bapana.

Pikeun kuring antara Chang Hyun Sik jeung Park Siwon, taya bedana, lelembutan Chang Hyun Sik siga nu nyurup kana raga Park Siwon, ampir sarua boh rupana, boh tindak tandukna, kitu deui kanyaahna, sarua sumangetna, henteu aneh mun Park Siwon ayeuna geus faseh nyarita bahasa Indonesia, dalah nyarita Sunda ge geus teu ham-ham deui.

Mobil sedan KIA ngadius ninggalkeun pasir Ode, pasir pangreureuhan Chang Hyun Sik, pasir pangulinan kuring sakulawarga mun pareng nyaba ka Korea. Enya sakali deui, Chang Hyun Sik, urut kabogoh kuring, sobat jeung lanceuk sabrayna salaki kuring, uana barudak kuring.


Tungtung Seoul, 10 Mei 2005.


Catetan:
1) Ucapan salam, sapertos kumaha damang?
2) Inuman tradisional Korea anu ngandung alkohol, sapertos arak.
3) Sesebutan pikeun ngahargaan, sapertos agan mun ka lalaki, Neng mun ka awewe.
4) Neng Rini sering sumping kadieu?
5) Poe ieu mah ulah mondok di Hotel, hayu urang kulem di bumi abdi, enjing Park Siwon bakal ngajajapkeun Eneng ka Bandara.
6) Barudak hayu urang arindit.
7) Urang teh bade angkat ka Indonesia?
8) Ema cinta ka Ua?
9) Enya ka Bapa ge kacida cintana
10) Ema, Ua jeung Bapa sarua bae?
11) Tangtu bae, yakin pisan.