Saturday, December 16, 2006

Hipnotis

Mangle No. 2077
hal. 34-36
Kaping terbit:
27 Juli - 02 Agustus 2006

Ku:

Kang Ya

=================

Ibur guyur salemlembur Situraja yen Bi Engkur kaleungitan emas perhiasan nu jumlahna kurang leuwih ti dalapan puluh gram. Cenah mah aya nu ngahipnotis basa Bi Engkur keur nungguan dagangannana di warungna nu pernahna hareupeun imahna. Bari jeung teu sadar emas-emasan nu keur dipake teh logosor bae dibikeun ka hiji jalma nu akon-akon ngadon balanja. Ngan nyaeta bener henteuna mah wawlohhualam da harita teh taya saksi sanajan saurang oge. Kitu deui Ceu Ida nu sok bunta-bantu diwarung Bi Engkur, lebeng keur euweuh keur dititah nganteuran nu macul ka sawah. Mang Sarju salakina Bi Engkur ge keur ngajejeran nu macul. Kajadian leungit perhiasan kira-kira wanci sawed memeh lohor. Bi Engkur ceurik jejeritan bari lolongseran sanggeus sadar yen manehna kaleungitan barang teh. Ceurik jejeritan bari menta tulung, menta panggudagkeun jalma nu geus ngahipnotis jeung maling emas-emasan Bi Engkur.

Rabul tatanggana daratang ngadenge nu auk-aukan ceurik jejeritan teh, malah Bapa RT ge ngahaja datang, paparentah supaya nyusulan Mang Sarju salaki Bi Engkur nu keur di sawah. Dalah Ustad Holil ge sumping bari mere cai pikeun inumeun Bi Engkur ngarah tenang saurna teh.

“Emh… Nyai sing sabar sakieu ge untung urangna salamet keneh, coba mun eta jalma nu ngarontok bitis teh bari terus mergasa urang, keun bae barang mah bisa diteangan deui, sing sabar Nyai, sing gede hate…” ceuk Nini Uti bari ngusapan Bi Engkur nu ngadingdiut ceurik siga budak bitu balonna.

“Nini lain nu ngarontok bitis, nu ngahipnotis…” ceuk Ceu Padmi bari mesem, nu sejen ge bakuna mah hayang ngabarakatak seuri ngan ditarahan rumasa hareupeun nu keur katunggaraan.

“Heueuh….hipnotis nya, edas tuda mani araraneh kiwari mah, da baheula mah euweuh nu maling make hipnotas-hipnotis teh, aya ge kencit atawa tuyul budak gundul…” walon Nini Uti.

“Nyeta bener Nini, bener pisan baheula mah ribut nu sok malingan duit teh pajarkeun ku kencit atawa tuyul, tapi naha di jaman reformasi mah ningan popularitas tuluy teh luntur, taya beja jalma leungit duit ku kencit, tapi loba ge kajadian jalma nu leungit barang kujalaran dihipnotis. Kamana ari sakadang tuyul? Naha geus teu boga kamampuan madogan duit?” Mang Darta tukang cendol nu kaparengan ngaliwat kadinya mairan.

“Heueuh puguh ge nya, baheula mah sok sing kecewis mun aya jalma nu laha-loho bari ngagandong leungeun teh, urang kudu taki-taki, majarkeun teh dina leungeunna aya tuyul…” ceuk Ceu Eneh mairan.

“Heueuh puguh masih inget keneh, baheula majarkeun Wa Uun ngingu kencit, pedah eta Wa Uun mun rek kapangdagangan sok ngagandong leungeun…” ceuk Ceu Padmi mairan.

“Mun ditilik tina rasa malingna, mendingan keneh tuyul, da tuyul mah maling nage cenah sok saeutik-saeutik, tara kabeh dirarad, sok ditungtut, jeung deui teu kabejakeun tuyul beuki emas berlian, nu kabejakeun teh tuyul mah kabeukina ge ngan kana duit bae. Jadi tuyul mah masih keneh boga rasa kamanusaan, da eta malingna ge jeung ijiran ditungtut jeung ngan ukur duit. Sedengkeun jalma nu sok ngahipnotis geuningan mani sagala dikoredaskeun, tong boroning duit dalah emas perhiasan, malah sakapeung mah kahormatan nuboga barangna ge sok rajeun diraosan, diperkosa tea, ana kitu mah tukang hipnotis sanajan enya jalma tapi teu boga rasa kamanusaan nya?” ceuk Bi Saodah bari ngabulaeh-bulaeh seupahna, heran puguh ge Bi Saodah teh ngora keneh kakara meureun nincak lima puluh taunan mah tapi kana nyeupah mani ngabaku siga Nini Uti.

“Ih enya lain beja puguh ge kuring kamari lalajo na tipi aya randa beunghar dihipnotis, cenah barangna beak koredas awakna disasaak diperkosa, bararaid ih aing mah…” ceuk Teh Rini bari bibirigidigan.

“Nyeta atuh jaman moderen teh bangsat ge maloderen, make elmu hipnotis sagala, nu kumaha atuh hipnotis teh Jang Alek?” Mang Sarjan nanya ka Jang Alex. Jang Alek teh sarjana pertanian widang elmu gulma nu ayeuna keur praktek kerja di Situraja, satadina Jang Alek teh rek ka kantor kacamatan, tapi ningali nu ngagimbung di warung Bi Engkur nya Jang Alek teh nyimpang heula.

“Nyeta puguh Mang salah kaprah, da sabenerna mah elmu hipnotis teh lain elmu pikeun kajahatan, lain elmu pikeun maling atawa sabangsana, tapi elmu hipnotis teh mangrupakeun elmu nu bisa digunakeun pikeun kamaslahatan sorangan atawa keur balarea” ceuk Jang Alek.

“Kumaha Sujang? Jadi hipnotis teh lain maling nya?” Nini Uti nanya.

“Sanes Nini” walon Jang Alek.

“Cik Jang teruskeun naon cenah ari elmu hipnotis teh?” Kang Karya jeung Bi Rumsinah nanya meh ampir bareng.

“Hipnotis teh nyaeta hiji elmu nu bisa digunakeun pikeun neuleuman alam bawah sadar manusa kalawan gancang. Janten saleresna mah hipnotis teh sanes mejik, sulap atawa gaib. Elmu ieu teh asalna mah ti Wina Austria nu ayeuna geus sumebar ka sakuliah dunya. Hipnotis tiasa digunakeun kanggo sarupaning kaperluan dina widang klinik, forensik, atawa terapi pesikis, sapertos kanggo ngalandongan jalma anu bangbaungeun atawa trauma, ngalandongan stress, oge tiasa digunakeun kangge ngalandongan jalma nu boga kasakit sawan, sapertos sawan kuya atawa sawan anu sanesna. Ngan nyaeta diurang mah elmu hipnotis teh kadangkala henteu digunakeun pikeun kamaslahatan, tapi loba nu disalahgunakeun, sapertos penipuan atawa maling, nya paling banter ge nembe digunakeun kanggo hiburan…” walon Jang Alek mani daria naker.

“Ke lanan Jang Alek, kumaha tah gawena hipnotis teh, sacara ringkesna we lah..” Kang Oo nanya mani daria.

“Panan mun urang gaduh elmu hipnotis, urang tiasa neuleuman alam bawah sadar batur, tah kusabab kitu, jalma anu keuna ku hipnotis mah tiasa dipiwarang, tiasa nurut kana parentah anu ngahipnotis da teu sadar tea, sapertos….cobi buka eta kongkorong….jol dibuka bae tah kongkorong teh…ah tapi duka ketah persisna mah abdi kirang terang, da abdi mah mung ukur saur batur tur sakapeung maos dina buku...” walon Jang Alek.

“Supaya ulah keuna ku hipnotis kumaha tah Jang?” Ceu Encum anu reunceum emasna nanya.

“Nyi Encum…..ceuk kang Kodir mah kieu cenah, supaya urang ulah keuna ku hipnotis mun aya jalma saliwat melong ka urang omat ulah dipelong deui sabab manehna keur mentangkeun elmu hipnotis…kitu lain Jang Alek?” Bi Rumsinah bari malik ka Jang Alek.

“Puguh kieu cenah mun aya jalma nanya bari nepak taktak atawa naon bae na awak urang, ku urang kudu buru-buru dibales ditepak deui, sabab manehna keur nerapkeun elmu hipnotis kujalaran nepak, tah lamun ku urang ditepak deui, hipnotisna bakal cambal, lain kitu Entin?” ceuk Teh Rini mani serius.

“Duka atuh Teh, da can ngalaman aya jelema saliwat nepak taktak abdi, aya age jelema baragajul lebah simpangan kungsi nyewol bujur” walon Nyi Entin bari cicikik seuri.

“Ah dasar sia mah centil Entin, kami nanya serieus teh” walon Teh Rini, bari manehna ge nyeuleukeuteuk seuri.

“Montong garogonjakan, ieu teh geus puguh Nyi Engkur katunggaraan!” Nini Uti ngagebes. Saheulaanan jalma-jalma teh simpe ngahephep, katara inghakna ceurik Bi Engkur ge ngurangan.

“Cik Jang teruskeun, kumaha tah pamendak Ujang?” ceuk Kang Oo.

“Ah duka atuh kumaha sangkan urang ulah keuna ku hipnotis mah, tapi nilik tina sasaranna mah, yen hipnotis teh neuleuman alam bawah sadar urang, nya urang teh kedah salamina sadar ulah dugi ka teu sadar….kitu manawi” walon Jang Alek.

“Enya meureun, kudu ditepak deui teh meh nyirikeun yen urang ge sadar” pok deui Teh Rini mairan.

“Cicing atuh Eteh newo-newo bae Eteh mah!” Nini Uti ngagebes deui Teh Rini.

“Leres Jang, nu penting mah urang teh kedah anger eling ka Pangeran, kedah sering istigfar, astagfirulloh al adzim jeung subhanallah ulah pirang-pirang” Ustad Holil nu ngabandungan titatadi mairan.

“Ku jalaran istigfar urang bakal salamina eling ka Pangeran, alam bawah sadar urang moal kungsi kaanjangan batur, moal kungsi diparentah batur, sabab salamina urang eling ka Allah Subhanahuwataa’la. Ulah sok sering ngalamun teu puguh, mun boga masalah urang sanggakeun bae ka Allah Ta’ala, tangtu urang salamina aya dina kasadaran…” Ajengan Holil nyaur deui.

“Enya Nyai, ngalamun kunaon atuh? ceuk Nini mah sakitu geus sagala aya, usaha keur jalan, sawah lega, barudak geus garawe di kota, ulah sok loba teuing ngalamun atuh Nyai…” Nini Uti nyarita ka Bi Engkur bari ngusapan.

“Nyeta tuda Nini, hate teh aya bae kacangcaya, loba rus-ras jeung loba kasieun, sieun itu sieun ieu, komo loba nu cing kecewis cenah Kang Sarju boga deui kikindeuwan…” walon Bi Engkur bari ingsreuk-ingsreukan dareuda.

“Yeuh Nyai, ulah loba teuing dedengean, jeung deui cik atuh saminggu sakali mah warung teh tutup atawa pasrahkeun ka si Ida sina nungguan, urang ka tajug unggal poe rebo atawa urang ka masjid agung unggal poe minggu, urang ngupingkeun pangaosan Bapa Ajengan Holil, sanes kitu Ajengan?” ceuk Nini Uti bari ngareret ka Ajengan Holil. Nu direret unggeuk bari mesem.

“Muhun Ceu Engkur, resep geura ngaos babarengan teh boh ka tajug atawa ka masdjid agung, resep abring-abringan bari nganggo acuk seragam, sakapeung sok silih raosan bekel, atuh kitu deui sok seueur batur nu bari nganjuk-nganjukkeun cindung atawa pibajueun, resep geura Ceu Engkur hayu ilubiung…” Bi Rumsinah mairan.

“Yey maneh mah ngaji teh resep abring-abringannana wungkul nya? Ngaji teh resep bari nganjuk cindung nyah? Paingan atuh maneh basa can kabeuli saragam mani mumul ka pangaosan teh, yeuh…Erum ngaji teh ulah alatan seragam bari abring-abringan…” Nini Uti mani muncereng.

“Tos-tos Nini….” saur Ajengan Holil leuleuy.

“Teu sawios, urang ngaos bari nganggo saragam, boh kitu deui urang ngaos bari nyandak icalan, boh icalan cindung boh piacukeun, mung anger omat ulah ganti niat, niat mah kedah anger pikeun diajar sareng pikeun ibadah ka Pangeran Allah Taa’la. Panan silih anjukan teh salah sawios tina ngarakeutkeun tali silaturahmi tea. Janten teu nanaon ngaos bari balantik, bari icalan, bari nganjukkeun atawa bari nganjuk, mung sakali deui ulah cul dog-dog tinggal igel, tujuan utami anger anging kanggo ibadah ka Allah Ta’ala, keuna ku wajib diajar elmu agama islam. Paripaosna, acuk seragam mah, icalan mah, silih raosan bekel mah, urang anggap bae supados kagiatan urang teh aya bumbuna, dibumbuan tea panan sok janten raos, tapi omat anu dibumbuannana kedah diutamikeun, muhun niat ngaos ibadah tea...” saur Ajengan Holil mani daria naker. Sakedapan sadayana ngaregepkeun naon kasauran Ajengan.

Totorojol Mang Sarju datang, dituturkeun ku Ceu Ida. Gauk Bi Engkur ceurik deui mani auk-aukan barang ningali Mang Sarju datang teh, ceurikna leuwih tarik batan tadi.

“Menggeus montong mewek bae era ku batur, barinage naha enya kitu aya jalma nu teu wawuh ngadon ngahipnotis didinya?” ceuk Mang Sarju popolotot. Ningali Mang Sarju datang bari ngambek, jalma-jalam bubar loba nu naringgalkeun, pamikirna keun da ayeuna mah geus aya salakina ieuh. Ngan Pa RT jeung Nini Uti anu masih aya keneh teh.

“Maenya kuring bohong, inget-inget teh sanggeus emas kabeh dibawa ku hiji jalma…” tembal Bi Engkur bari diselang-selang ku ngabangingik ceurik.

“Nundutan meureun didinya teh teu karasa aya nu ngarorod emas-emasan” pok deui Mang Sarju ngomong.

“Henteu Kang Sarju, kuring mah rarasaan teh teu keur nundutan, da sidik aya jalma kadieu cenah rek barangbeuli” jawab Bi Engkur bari teu eureun ceurik.

“Nu bener ngomong teh, boa akon-akon manehmah kari-kari emas dipahugikeun, ribut dipaling ku tukang hipnotis, henteu mah maneh teh boga kabogoh Engkur!” Mang Sarju nyentak.

“Gustiiiiiiiiii….Nu Agung, na Kang Sarju mani kabina-bina teuing ka kami teh, nuding kanu teu pararuguh lain nulungan kumaha sangkan emas balik deui….teu sudi siah kami mah Sarjuuuuuuuu…!” Bi Engkur ceurikna narikan.

Untung aya keneh Pa RT, oge aya Nini Uti, nu pasea dilelemu dipisah sangkan reureuh.

Sanggeus kajadian leungitna perhiasan, Bi Engkur brek gering ripuh pisan, duka kaleleban ku perhiasan nu leungit, atawa kanyenyerian ku Mang Sarju nu mitenah cenah Bi Engkur akon-akon leungit perhiasan. Anak-anakna nu geus garawe di kota, rereongan meuli emas nepikeun ka dua ratus gramna pikeun ngagantian perhiasan nu leungit, bisi enya Bi Engkur kaleleban ku perhiasan tea. Tapi anger nu gering teu cageur. Ubar-aber kaditu kadieu, ka dokter, ka rumah sakit, dalah ka pengobatan alternatif ge kungsi dilakonan, tapi anger bae nu gering taya mendingna malah beuki payah. Meunang sabulan Bi Engkur gering teu puguh ubarareunnana, antukna nepi kana waktuna Bi Engkur mulih ka jati mulang ka asal. Bi Engkur maot, Innalilahi wainnaillaihi roji’un.

Jejeg tilu bulan ti maotna Bi Engkur, kabejakeun Mang Sarju kawin jeung Ceu Ida randa baheunol nu sok bunta-bantu di warung Bi Engkur tea. Nu mangherankeun geuningan kabeh perhiasan nu cenah leungit dipaok ku tukang hipnotis teh ayeuna geus dipake ku Ceu Ida.


Tungtung Seoul, 28 Juni 2006.

0 Comments:

Post a Comment

<< Home