Sunday, December 17, 2006

Leuwi Orok

Mangle No. 2085
hal. 18-19
Kaping terbit:
21-27 September 2006

Carpon:
Kang Ya

===============

“Bu…Bapa rek indit heula, Kang Atot, Mang Endi, jeung si Oo geus ngadaragoan di sisi jalan karunya” bari regeyeng kecrik di solendangkeun na taktak, korang jeung bedog mah tatadi ge geus disoren sabada rengse sholat isa, kitu deui lampu senter geus dikongkoyangkeun na beuheung. Pamajikan anger teu nolih, anger mencrong kana tipi, teuing bener keur anteng lalajo, teuing jamedud pedah peuting ieu rek ditinggalkeun ngecrik atawa lintar tea. Kana ngecrik teh teuing ku beuki, kana lintar teuing ku suka, hobi ti keur bujangan keneh, make boga grup ngecrik sagala, resep tuda ngecrik-ngaheurap teh, sanajan enya be boga balong, tapi keukeuh bae lintar apruk-aprukan ka walungan mah geus ngabaju, komo na wanci katiga, wanci cai walungan orot mah, lintar teh matak pogot naker. Pamajikan jeung dulur-dulur mah sakapeung sok nyarebut sero cenah ka kuring teh, kajen ah da karesep cekeng teh. Enya sakapeung pamajikan sok ambek-ambekan lamun kuring balik lintar isuk-isuk, ambek soteh ketah mun teu beubeunangan. Tapi ari beubeunangan loba mah, korang pinuh, komo mun bari ngagembol pucuk putat jeung pucuk kihapit kabeukina mah tara teuing ambek, cikruh bae nu aya, sok terus mais lauk jeung nyambel nu ledok, atuh kuring bisa dahar nikmat.

“Bu….Bapa mios nya, do’akeun sing beubeunangan, assalamu alaikum” sakali deui kuring amitan, bari gejlig indit, kareret pamajikan ukur ngalieuk sakeudeung, tapi teu burung ari ngajawab mah.

“Waalaikum salam, Pa…kade sing atos-atos…jeung ulah dugi ka enjing atuh, mulih teh, subuh bae atuh meh tiasa sholat subuh di masigit” walonna.

Nepi ka sisi jalan gede kasampak Kang Atot, Mang Endi, jeung si Oo keur ngadaragoan bari arudud. Grup ngecrik teh diaranan “Ngecrik Sawargi, Lintar Sabaraya”, teu rek dingaranan kitu kumaha da kabeh anggotana dulur, geus puguh si Oo mah dihenteu-henteu teh panan salakina adi kuring, enya salakina si Yuyu adi kuring nu nomer opat, nu pangais bungsu. Kang Atot geus puguh deuih, panan anakna Ua, sasatna dulur sabrayna. Atuh Mang Endi, nyebut emang teh lain emang-emangan tapi sabenerna, panan Aki Suardi almarhum teh bapana Mang Endi, tah aki Suardi teh raina aki kuring, aki Suarma almarhum oge.

“Naha lila teuing De?” Mang Endi nanya.

“Nyeta biasa Mang, indungna si Asep rada kuraweud sigana mah” walon kuring.

“Kang roko bawa si Bungsu aya keneh, ieu rokok abdi mah ampir seep” ceuk si Oo.

“Aya O, ngan teu dibawa, teu ngeunah ah roko Korea mah, hampang teuing, teu karasa banget bakona, jaba teu dicengkehan deuih” walon kuring.

“Nyeta Kang, abdi mah resep…jaba hade filterna, sae moal ngaruksak paru-paru” pok deui si Oo nyarita.

“Ah..roko mah roko bae, kabeh ge ngaruksak O…” cekeng teh.

“Hayu ah…ngobrolna wang bari leupang bae, bisi kapeutingan, De, Mang Endi, Oo” ceuk Kang Atot bari jung indit.

Bring opatan arindit, bulan mabra caang bubuhan maleman tanggal opat welas, hade pikeun ngabungbang, pikeun mandi di tujuh tampian jeung di tujuh muhara. Baheula ketah loba wanoja jeung nonoman nu sok ngabungbang teh, ayeunamah nyao, boa barudak nonoman ayeuna mah, boa nyarahoeun, boa heunteu naon ari ngabungbang.

“Kumaha ruteu urang peuting ieu Mang Endi?” Kang Atot nanya.

“Ah Emang mah ngiluan bae, teu langkung pamingpin, kamana De?” Mang Endi nanya ka kuring.

“Urang ka Cipeles bae, urang turun ti lebah peupeuntasan ka Parugpug, lebakeun makam Buyut Samoja, wang terus ka girangkeun, engke hanjat-hanjat lebah Leuwi Orok, enya lebah muhara Cicapar, meh abdi balikna sakalian rek nempo sawah si Bungsu bisi garingeun maklum usum halodo, kumaha sapuk lur………?” ceuk kuring.

“Sapuklah De, hade ruteuna…sakalian Akang engke isuk rek nyimpang ka si Cucu di Cipadung aya badamikeuneun” walon Kang Atot. Leumpang bareng malibir jalan sisi esde inpres, baheula mah esde Pakemitan eta teh, terus maju muru jalan nu brasna ka ka lembur Samoja, ngaliwatan Cibiuk. Sora caricangkas mani ngelak ngawawaas, sora jangkrik ngikrik ngalengis, sora kutuk bueuk anger nyingsieunan, rametuk sakapeung ngagimbung hareupeun beunget, hawar-hawar sora anjing babaung ti jauhna, sigana datang ti lebah lembur-lembur peuntaseun Cipeles.

“Ke Kang De, naha bade hanjat di Leuwi Orok nya? Moal aya nanaon kitu? Panan didinya mah seueur kabejakeunnana Kang?” ceuk si Oo.

“Di denge teuing maneh mah O, bisi teu nyaho ieuh, Leuwi Orok teh pangulinan lauk, lemburna lauk walungan dalah lauk balong nu kabawa caah ge sok baretah lebah dinya mah bubuhan leuwina rada lega tur linduh deuih. Eta mah omong batur O sangkan urang teu kadinya, nu puguh mah loba laukna” walon kuring.

“Naha nya make disebut Leuwi Orok, aya sasakalana kitu?” ceuk si Oo, nanya deui.

“Nu kadenge ku Akang mah kieu cenah. Baheula aya awewe urang Citepok reuneuh, tapi biasa reuneuh jadah tea. Kusabab era boga anak euweuh bapaan, nya orok teh dipiceun ka leuwi eta nepi kapaehna, nu matak diaranan Leuwi Orok” ceuk Kang Atot.

“Enya…Emang ge ngadenge, malah cenah ceuk nu kawenehan mah sok aya sora orok ngear ceurik nu datangna ti lebah Leuwi Orok” Mang Endi mairan.

“Alhamdullilah kuring mah Mang, saumur apruk-aprukan lintar, boh beurang boh peuting di Leuwi Orok tacan kungsi manggih nu aneh-aneh, nu puguh mah loba laukna, resep kuring mah teuteuleuman, kokodok, ngagogo di leuwi eta mah” walon kuring.

Teu karasa leumpang bari ngobrol, kuring opatan geus anjog ka landeuheun makam Buyut Samoja, peupeuntasan nu ka Parugpug keun. Bulan beuki mabra, matak ngahudang birahi nu keur bobogohan. Memeh turun ka sisi walungan, kuring opatan tatan-tatan, sarung dibakutetkeun kana cangkeng, kabeh ge taya nu make calana panjang, kabeh make calana pokek, jaba seragam deuih, enya seragam “Ngecrik Sawargi, Lintar Sabaraya” tea.

“Ke Kang, itu ningan aya awewe ngajanteng sisi peupeuntasan, jaba siga nu bari ngais orok” ceuk si Oo bari nunjuk.

“Eh enya De” ceuk Kang Atot.

“Mana?” ceuk kuring bari maju kahareup. Nyaan bae aya awewe ngais orok ku samping, oge make samping nengahan bitis, make kabaya beureum, dicindung beureum oge. Si Oo mah katempo geus rerempodan bangun nu sieuneun.

“Ceu rek kamana peuting-peuting?” ceuk kuring nanya.

“Rek meuntas tapi sieun labuh sanajan enya caina orot oge, da ieu bari mawa budak, budak batur ieu teh sabenerna mah, Euceu mah katitipan ku urang Citepok” walon eta awewe, tapi anger teu ngalieuk, anger nyanghareup ka peuntas beulah ditu.

“Naha peuting-peuting Ceu, rek ka Parugpug?” ayeuna mah Mang Endi nu nanya.

“Lain rek ka Parugpug, Euceu mah rek ka Citepok, tadina hayang ka Loji jalan, tapi teu kaburu, Euceu teh tas ti Ciheuleut nyusul indung budak ieu, nu cenah mah ayeuna dumuk di Ciheuleut, geus cape Euceu katitipan ieu budak teh, tapi ningan euweuh” walon eta awewe, anger keneh teu daek malik.

“Cik pangmeuntaskeun Euceu, sieun ti kosewad, jaba budak rada gering ieu teh” manehna menta tulung, tapi anger beungeutna teu nembongan, anger nyanghareup ka peuntas belah ditu.

“Jung O, peuntaskeun pira ge ka peuntas beulah ditu, lima menit ge nepi” cekeng teh ka si Oo.

“Ah…alim Kang, sieun abdi mah, sieun kunti, hayoh engke teh abdi dikerebeb, kumaha atuh si Idang jeung si Anggi engke” walon si Oo bari muringis.

“Ah ilaing mah O, beurangan kacida kawas lain jalu bae…sok atuh ku Kang Atot, mangga Kang” ceuk kuring ka Kang Atot, sanajan umurna leuwih ngora batan kuring, tapi anger bae da kolot puhu, panan anakna Ua, jadi kuring kudu anger nyebut Akang.

“Yey….Dede mah kawas teu apal bae ka Euceuna, sakitu gede timburuannana ningan, ke teh kumaha mun nepi kabala-bale yen Akang mangmeuntaskeun awewe, teu meureun Euceuna ijigimbrang mah, bisa-bisa Akang moal meunang lintar deui.

“Kumaha Mang Endi, bade ngersakeun?” kuring malik ka Kang Endi, sami mawon kang Endi ge murengked. Antukna kuring sorangan nu mangmeuntaskeun eta awewe nu ngais orok teh, nepi ka peuntas beulah ditu. Tapi lebeng, nepikeun ka manehna nyebutkeun hatur nuhun teu kungsi katingali bengeutna. Les awewe nu ngais orok leungit di teureuy kalangkang rungkunan haur, da puguh jalan liliwatannana kaoyodan ku rungkun haur. Kuring teu boba curiga, kuring balik deui muru dulur-dulur.

Prung ngecrik babarengan, unggal gaprukan, kuring mah teuing ku mucekil teu weleh aya nu nyangsang dina heurap, geus puguh lalawak, berod jeung beunteur mah, dalah lauk balong kayaning lauk nila, jaer, jeung lauk emas ge teu burung loba nu kaeurad. Tapi naha ari nu tiluan peuting ieu teuing ku sial, tong boroning lauk bodas lalawak, dalah keuyeup hurang ge taya nu kaheurap hiji-hiji acan.

“Heran De, Akang mah can meunang hiji-hiji acan, palangsiang Euceuna jamedud yeuh De” ceuk Kang Atot semu keuheul.

“Nyeta abdi ge Kang, kungsi aya bancet hiji nu kaheurap ku abdi mah, sigana indung si Idang bakal ngawakwak yeuh” ceuk si Oo mairan.

“Puguh Emang ge, pedah heurap anyar kitu ieu teh, jaba geus janji ka Mang Iri rek mere beubeunangan lintar teh, bubuhan heurap meunang nganjuk ti Mang Iri” Mang Endi mairan.

“Sing salabar bae, engke geura di Leuwi Orok, urang bakal beubeunangan, da didinya sok ngarumpulna lauk mah” ceuk kuring.

Teu karasa geus anjog nepi ka Leuwi Orok, sigana mah wanci janari leutik nepi ka lebah Leuwi Orok teh. Didieu, di Leuwi Orok, beubeunangan kuring beuli mucekil, malah korang gede geus ampir pinuh, sawareh beubeunangan lauk teh dititipkeun na korang nu Oo. Tapi nu tiluan anger teu beubeunangan, ukur kitu bae lauk laleutik, kayaning jeler jeung beunteur, kitu ge Kang Atot ukur meunang opat siki, Mang Endi ukur tilu kaopat keuyeup beas, si Oo mah nyamos, kaeusian soteh korangna kubeubeunangan ti kuring. Beak dengkak, kabeh hanjat, cucul-cucul rek balik ninggalkeun Leuwi Orok. Na ujug-ujug teh kadenge sora nu nyikikik.

“Hihihihihihi…….moal dibere lauk sia mah Oo, Atot, Endi, peuting ieu mah, bongan maneh kabeh mumul, kabeh teu sudi mangmeuntaskeun aing tadi, nyaho sia?....Yeuh aing teh nu ngageugeuh jeung nu ngurus lauk di Leuwi Orok….hihihihihi……, ngurus lauk bari ngasuh budak, orok titipan urang Citepok……..hihihihihi……..” sorana eces jeung rada ngirung. Simpe sora awewe, hawar-hawar kedenge sora orok ngear ceurik, sora nu datangna ti tengah-tengah Leuwi Orok. Kuring kabeh olohok mencrong kana cai Leuwi Orok.


Panineungan lintar. Tungtung Seoul 20 Juli 2006.

2 Comments:

At 6:11 AM, Anonymous Anonymous said...

Kang Ya , nepangkeun abdi Ucu, kawit mah ti Ciamis Ayeuna nuju ngumbara nyiar kipayah di Jakarta.

Hatur nuhun kana seratanana, sok asa jararauh panineungan ari maca carpon basa Sunda teh. Pogot jeung sok keuna kana lelembutan.

Kang Ya tambih deui atuh seratanana, etang etang gegentosna Mangle online, na kamana nya Nyi Mangle teh?

Wassalam,
Ucu

 
At 1:20 PM, Blogger Gun Gun Setiaguna said...

Assalamu'alaikum,

Wah, Kang Yaya ngalintar taun sabaraha ieu teh? Kapan tos lami di Seoul sanes? Ayeuna Cipeles seueur keneh laukna kitu?

Kenging alamat blog Kang Yaya ti Situraja.com. Resep aya website daerah urang nya. Aya Biografi Kang Yaya oge didinya. Bagja aya Doktor Biologi/Farmasi nu masih cinta kana sastra Sunda. Abdi ge ngan resep maosna wae carpon teh, wararaas jauh panineungan. Ari nyerat mah teu acan :).

Sukses ah. Terus Berkarya, Kang.

Salam,
Gun Gun Setiaguna, ST.
Technical Research and Development Department
PT Limas Centric Indonesia, Tbk.
Plaza Bapindo - Bank Mandiri Tower 23rd fl.
Jl. Jend. Sudirman Kav. 54 - 55
Jakarta 12190
Phone: +62-21-529 00707
Mobile: +62-856-154 8968
E-mail: guns@limas.com
Blog: papaogi.blogspot.com

 

Post a Comment

<< Home