Friday, December 15, 2006

Profesor Leveau

Mangle No. 2072
hal. 18-19
Kaping terbit:
22-28 Juni 2006

Ku: Kang Ya

=============

Rengse beberes alat-alat laboratorium urut nyieunan larutan pikeun engke peuting analisa, gura-giru balik ka tempat indekos di Labak Gede, landeuheun kantor Batan jalan Taman Sari Bandung, kalereun Kebon Binatang. Lembur gede baheula mah Lebak Gede teh, ayeuna mah eta lembur teh geus euweuh geus ganti jadi Sasana Sabuga tempat kagiatan kasenian jeung olah raga. Euweuh urut-urutna acan tah lembur teh, atuh pendudukna paburencay teuing kamarana, dalah kuring ge mun sakalieun hayang manggihan nu boga imah nu kungsi diindekosan ku kuring, Ma Irah tukang rujak, anger hese teu kapanggih teuing kamana pindahna.

Harepan teh sobat kuring si Berto baris marengan engke peuting di laboratorium, manehna teh sobat dalit ti keur leutik keneh, sanajan beda suku beda agama, heunteu jadi panghalang pikeun kuring sosobatan. Indekos ge sarua di imah Ma Irah, ngan ku hanjakal geuningan na meja geus nyampak kertas sacewir, unina kieu: ”Yaya, bageur, hampura euy uing teu bisa maturan di lab peuting engke mah, tadi uing dititah ku ketua ret-ret kudu survey ka Cisarua, hampura nya sobat. Berto”. Sanajan manehna urang Batak, tapi bahasa Sundana mah teuing ku hade sakapeung mah mun nyarita sok bleg bae siga urang Sunda, bubuhan eta meureun lahir jeung gede sarua jeung kuring di Sumedang. Sosobatan ti bubudak, nepi ka babarengan kuliah di jurusan Ilmu Hayat. Harita keur babarengan penelitian pikeun skripsi, ngan pedah beda widangna, kuring mah widang Mikrobiologi, si Berto mah widang Botani.

Teu bisa majar kumaha, palangsiang kuring kudu gawe sapeuting jeput sorangan di laboratorium. Enya panan mun urang nalungtik bakteri mah sakapeung lain urang nu ngatur bakteri tapi bakteri nu ngatur urang, cara peuting ieu kuring kudu nganalisa pengaruh ekstrak daun jambu batu kana pertumbuhan bakteri Propionibacterium acne, hiji bakteri nu nyababkeun ewateun tea. Gawe sorangan di laboratorium wanci peuting teh lain sieun lain naon, da can ngadenge aya jelema nu dilegleg hirup-hirup ku jurig atawa ririwa, ieu mah meh aya batur ngomong bae atuh ulah ngabetem bae sorangan, sanajan enya loba kacaritakeun yen di laboratorium eta mah aya nu ngageugeuhna bubuhan wangunan baheula, wangunan asli buatan Walanda.

Rengse sholat isa biur indit ka laboratorium, di jalan meuli goreng hui, comro, goreng pisang, jeung bala-bala, maksud teh keur engke peuting bisi hayang barang dahar. Datang teh kudu jam dalapan peuting sabab wancina analisa ka hiji, barang datang ka heureupeun wangunan jurusan Ilmu Hayat teu kungsi panggih jeung Pa Abu patugas kaamanan nu ngajaga wangunan jurusan Ilmu Hayat, sigana keur nguriling atawa keur ka mushola, kitu pamikir teh. Kuring terus naek ka lante opat sup asup ka laboratorium Mikrobiologi. Analisa ka hiji jam dalapan rengse jam salapan, bari nungguan analisa ka dua jam sapuluh, kuring mukaan buku catetan panalungtikan, kutrat-kotret ngitung hasil analisa, hade yeuh hasil teh teu kudu ngulang deui, biasana mah sok loba data anu aneh, tapi ieu mah hade pisan, sarua jeung nu dipiharep. Analisa jam sapuluh jeung analisa nu jam dua welas oge sarua deuih meunang hasil anu hade, sarua jeung hipotesa nu ku kuring diajukeun, kuring beuki sumanget, bari nungguan analisa nu jam dua kuring maca jurnal ilmiah. Keur cengeng macaan jurnal jol aya nu ngomong.

”Selamat malam!” sorana mani jentre bubuhan peuting. Kuring rungah-ringeuh, baruk hareupeun kuring aya nu ngabedega jangkung gede make jas laboratorium, enya bule, janggotna ge mani rambosbos. Kuring kacida reuwasna, molohok, boa-boa cekeng teh. Timana jolna eta jalma asa teu kadenge nu mukakeun panto laboratorium. Bulu punduk mimiti sing sariak, kasieun mimiti carengkat.

”Tidak usah takut, saya ahli yang diundang perguruan tinggi ini, jangan takut yah!” manehna pok deui ngomong.

Kasieun mimiti sirna, pamikir teh, enya panan paguron kuring mah sok loba pisan ngadatangkeun ahli ti nagara-nagara anu geus maju dina widang sainsna. Tapi panasaran hayang nanya, barang rek nanya manehna geus miheulaan nanya deui.

”Sedang penelitian apa Anda” pokna.

”Eu..eu...eu..pengaruh ekstrak daun jambu batu terhadap pertumbuhan bakteri Propionibacterium acne, penyebab jerawat” walon kuring.

”Kenapa daun jambu batu” si bule nanya deui.

”Kan gadis-gadis di tanah Pasundan dahulu suka dikasay pakai daun jambu batu, saya pikir pasti ada kasiatnya, ketika saya tanya pada orang tua katanya supaya kulit muka beresih dan tidak berjerawat, nah sayah ingin melihat apakah ada antibakteri pada ekstrak daun jambu terhadap bakteri itu” jawab kuring.

”Wah....bagus..., memang harus begitu, mahasiswa Indonesia harus meneliti apa yang ada dilingkungannya, mengungkap secara ilmiah yah! Negeri ini kan kaya akan bahan alam, salah satunya bahan alam untuk obat, tapi sayang tidak punya data ilmiah secara lengkap, hanya cerita turun-temurun saja. Tapi cerita turun-temurun juga sangat membantu untuk indikasi bahan aktif nya. Saya sangat mendukung penelitian Anda dan memang bidang saya adalah etnobotani, semoga berhasil yah.....” manehna daria bari unggut-unggutan.

Saterusna kuring ngobrol lolobana urusan ilmiah, mani resep naker, kasieun leungit sama sakali, kuring yakin pisan manehna teh bener-bener ahli nu diondang ku paguron kuring. Manehna teh geuningan ahli etnobotani nu keur nalungtik tanaman obat Pasundan gawe bareng jeung paguron kuring. Nepi kawancina analisa nu jam dua isuk manehna masih keneh aya di laboratorium, ngan teuing gawe naon teu pati kapalire deui sabab kuring banget suhud kana analisa, analisa rengse jam tilu, hasilna hade naker, jadi yeuh lulus semester ieu ceuk pamikir teh. Tapi naha mani tunduh-tunduh teuing, panon mani cepel naker, hayang ngalenyap sakeudeung mah, weker dipasang supaya disada jam opat teng, kuring nyuuh na luhur meja.

Kahudangkeun ku sora weker, kuring ngorejat jam opat teng, gasak-gisik sakeudeung, terus analisa nu jam opat, analisa panganggeusan peuting ieu. Kadenge sora adzan subuh diunggal juru angin, wanci sholat subuh geus datang. Bule teh teuing kamana geus euweuh, ku kuring digentraan sababaraha kali sabada analisa anger euweuh, teu boga hate goreng, sigana geus balik waktu kuring ngalenyap. Rengse baras-beres, gura-giru kaluar ti laboratorium terus turun ka lante hiji, maksud rek ka mushola nu aya di lante hiji, jaba rek terus balik pamikir teh. Di lante hiji panggih jeung Pa Abu, manehna nanya.

”Eh...Cep Yaya, naha nyalira geuningan? Naha kamana ari ki Sobat, Cep Berto?” Pa Abu nanya siga nu heran.

”Eh geuningan Bapa, muhun Pa nyalira, Berto mah ka Cisarua survey kanggo ret-ret saurna” walon kuring pondok.

”Nyalira? nu leres Cep?” manehna bangun no hookeun.

”Muhun nyalira Pa” ceuk kuring.

”Ari kitu kumaha Pa?” kuring nyusul tepus nanya.

”Kieu Cep, Bapa teh tadi wengi nguriling ka unggal lante sapertos biasa mariksa ka unggal ruangan. Pas payuneun laboratorium Mikrobiologi kakuping ku Bapa nu sing gerendeng, teu heran kanggo Bapa, pasti Cep Yaya pangemut teh sabab Bapa tos tingali dina buku data yen Encep bade damel wengi ieu. Ngawitan mah heran pangemut teh sareng saha Cep Yaya ngobrol, tapi siganamah sareng Cep Berto pangemut teh. Tadina mah Bapa bade lah-lahan lebet ka laboratorium tapi sieun ngaganggu” ceuk Pa Abu daria.

”Ke pami sanes Cep Berto saha kitu Cep nu wengi teh? Da Neng Pia mah nu damel di laboratorium Botani mah mung dugikeun ka jam sapuluh, Bapa ge terang mulihna dipapagkeun ku Cep Dasim, kitu deui Bang Herbet mahasiswa pascasarjana tea pami teu lepat mah mung dugikeun ka tabuh sawelas” ceuk Pa Abu bangun beuki panasaran.

“Oh….abdi mah ngobrol masalah ilmiah sareng ahli ti Walanda, nu karelesan nuju nalungtik etnobotani Pasundan gawe bareng sareng paguron urang” jawab kuring.

”Ke....ahli timana Cep, da raraosan mah asa teu aya tamu danget ieu mah di jurusan Ilmu Hayat mah, duka pami di jurusan sanes mah, ke urang tingali dina data kerja” Pa Abu siga nu heran, tapi geuwat mukaan data kerja, tapi anger dibulak-balik teu aya nu ngamprah gawe peuting ieu salian di kuring, teh Pia, jeung Bang Herbet.

”Ke Cep, dedeganna na siga kumaha?”

Derekdek sakabeh nu katitenan mah ku kuring dicaritakeun, ti mimiti dedegannana, ciri-cirina jeung eusi obrolan kuring. Sanggeus ngadenge dongeng kuring, Pa Abu katingalina ngarenjag siga nu reuwas.

”Nu leres Cep?”

”Nyaktos Pa maenya abdi jijieunan, ari kitu kumaha Pa?” ayeuna kuring nu heran.

”Ayeunamah urang sholat subuh bae heula Cep, engke sarengsena solat subuh urang ka perpustakaan jurusan, Bapa nyepeng koncina, henteu bade enggal-enggal mulih panan?”

”Henteu Pa, mung bade istirahat bae, engke bada lohor bade ka laboratoirum deui”

Bring kuring jeung Pa Abu muru mushola terus sholat. Rengse solat subuh bring bareng ka perpustakaan jurusan. Pa Abu muru buku arsip baheula anu eusina buku-buku heubeul, buku kuno, ejaannana ge ejaan baheula. Gap kana buku arsip, kareret tahun 1937. Pa Abu mukaan buku.

”Cep tah ieu daftar dosen sakola urang ti mimiti ngadeg tahun 1919 dugi ka jaman penjajahan Jepang, mangga tingalian” Pa Abu nyodorkeun buku ka kuring.

Lalaunan buku dibukaan, halaman 13, katempo jentre pisan, aya potret hitam putih, beungeutna sarua pisan jeung nu panggih tadi peuting. Dihandap jentre katerangan: Profesor Johan van Leveau (1877-1937), dozen department Elmu Hayati, meninggal karena serangan jantoeng, jenazah dikeboemikan di kerkof jalan Tamansari Bandung. Kuring molohok mata simeuteun, enya mun teu salah mah baheula teh lebah nu ayeuna jadi kampus Unisba teh panan kuburan Walanda.


Tungtung Seoul, 27 Mei 2006: Panineungan Lebak Gede Bandung taun 1983-1987.

0 Comments:

Post a Comment

<< Home