Thursday, December 14, 2006

Pajonghok di Bangkok

Mangle No. 2066
hal. 15-17
Kaping terbit:
11-17 Mei 2006

Carpon:
Kang Ya

===================

Minggu ayeuna kuring kudu indit ka Thailand, lain keur ulin atawa liburan, ieu mah pikeun seminar Natural Product, kuring diondang kudu jadi pembicara. Atoh puguh ge, bubuhan kakara ayeuna pisan kuring boga kasempetan pikeun nincak tanah nagri Siam. Sobat-sobat kuring urang Thai basa kuring nyucruk elmu di Universitas Edinburgh Skotlandia geus diemail kabeh. Chatchai Ngamriabsakul cenah kabeneran keur di Bangkok, manehna jadi bisa tepung jeung kuring. Suphacok Sincaikul, manehna cicing di kota Chiangmai, rek ngahaja cenah ka Bangkok mun pareng kuring datang, atuh kitu deui Rattaphong Sirisanont nu asli urang Bangkok bakal ngabatalkeun sakabeh janji cenah mun kuring ka Bangkok teh. Tiluannana kabeh sobat dalit kuring, sobat maen badminton di King’s College Hall. Banget ku rasa atoh, kuring ngahaja ka pasar Namdaemun, neangan barang has Korea pikeun oleh-oleh keur sobat-sobat kuring, kahayang mah mawa oleh-oleh barang Indonesia, tapi dalah dikumaha teu keur nyampak, beak dibagikeun ka babaturan di Korea.

Kaluar ti bandara Suvarnabhumi Bangkok teh jam opat sore, ngahaja datang teh Saptu ngarah Minggu bisa ulin heula di Bangkok da seminarna mah kakara dibuka poe Senen. Langit Bangkok estu beresih, sanajan aya mega bodas sing aludrat, ngan nu jelas mah beresih henteu haleungheum medem siga di Jakarta, sanajan sarua panasna, ngan aya nu beda, enya beda pisan. Di Bangkok euweuh patali marga nu ngaluarkeun haseup hideung tina knalpotna, teu siga di Jakarta paribasana mobil nu geus arwah ge anger bae ngabutbut maju bari teu eureun ngaluarkeun haseup hideung, bau naker. Patali marga kabeh maju puguh leunjeurannana, puguh heuleurannana, henteu pacorok sok komo mun silih tilep jeung silih salib mah. Bangblas lancar sanajan sok manggih macet, macet ge macet wajar lain macet teu puguh, lain macet bari sieun ditodong di simpangan jalan siga nu sering kabejakeun di Jakarta. Di unggal simpangan, euweuh nu jajaluk, euweuh nu ngamen, euweuh nu teu pararuguh, estu teu sareukseuk katempona. Sawatara waktu kaliwat cenah ceuk babaturan nu kungsi nyaba ka Bangkok, pajahkeun Bangkok teh ramijud siga Jakarta, nu ngabedakeunnana ngan ukur tulisannana, tapi geuningan buktina estu beda pisan, rapih, endah jeung beresih. Enya tuda eta mah carita taun dalapan puluhan, beda Bangkok harita jeung Bangkok ayeuna mah. Ari Jakarta mangsa taun dalapan puluhan jeung ayeuna kumaha? Sigana sami mawon, malah kayaan krisis jeung naekna harga bahan bakar ngarojong kana beuki ramijudna Jakarta.

Supir taksi teuing ku bageur, berseka beresih marake saragam, someah, jeung teu ngabogaan beungeut ”nyuhunkeun artos”, estu pelayanan nu dinomerhijikeun, numatak sadrah mun mere peresen teh, rido pisan. Sistim transfortasi di Bangkok teuing ku hade, geus puguh beus, keur mah aralus jeung kabeh marake AC, atuh konekturna ge sanajan enya awewe tapi teuing ku rancingeus, getapan, ditambahan ku harade budi, saromeah, keur gareulis teh. Bangkok boga ”skyway”, kareta api monorel diluhur, hade pisan nambahan sieupna kota, kitu deui aya ”subway”, kareta api jero taneuh anu bebas hambatan tea. Iraha atuh Jakarta rek ngabogaan sistem transfortasi anu hade, anu saluyu jeung jaman, anu lancar jeung teu sieun ku copet? Sakapeung sok boga rasa cangcaya, boa hamo kalakon.

Universitas tempat kuring gawe, Universitas Yonsei nyadiakeun kamar hotel anu hade di Bangkok, hotel alus bentang lima, pernahna sisi walungan Chao Praya, walungan anu kawentar, walungan nu jadi papaes kaendahan jeung sarana transfortasi cai di kota Bangkok. Jam lima leuwih sapuluh menit nepi ka hotel, kaget dibarung ku atoh, baruk sobat-sobat geus ngadaragoan di lobi hotel, enya Chatchai jeung Rattaphong, tapi teu ningal Supachok.

”Welcome to Siam, friend .... ” duanana meh bareng bari saurang-saurang sasalaman malah terus narangkeup. Sanggeus beres check in jeung nunda babawaan, kuring jeung maranehna indit ka walungan Chao Praya, beu geuningan dibawa ka restoran anu ngangkleung na parahu, sihoreng Supachok geus ngadagoan dina parahu. Chao Praya beda pisan jeung Ciliwung atawa Cikapundung, sanajan caina teu herang tapi kaasup beresih mun dibandingkeun jeung cai Ciliwung jeung Cikapundung nu leket hideung siga cai kolomberan, utamana di Chao Praya mah euweuh runtah nu ngahunyud, nu ngangkleung campur jeung bangke bugang sasatoan. Chao Praya estu matak betah pikeun lalayaran suka bungah. Hade pamarentah Bangkok mah bisa ngajaga jeung ngokolakeun kaendahan Chao Praya, iraha atuh Ciliwung lebah Jakarta jeung Cikapundung lebah Bandung rek siga Chao Praya? Uplek ngobrol bari dahar, murak carita baheula mangsa babarengan di Skotlandia. Opatan sok maen badminton bareng, pasangan gunta-ganti, tapi pasangan kuring jeung Chatchai can kungsi eleh ku pasangan Rattaphong jeung Suphacok. Rengse dahar di Chao Praya, pindah ka bar di Sukumvit, tengah peuting kakara rengse. Bagja guligah panggih jeung sobat, kuring sare tibra.

***

”Excuse me, are you an Indonesian?” kuring nanya asa-asa.

“Muhun Kang Ya abdi teh Ginarsih, rerencangan waktos di Skotlandia, muhun abdi nu urang Soreang tea, mani asa-asa, kena-kena tos janten urang Korea ayeuna mah nya, punten ah ulah iinggrisan sareng abdi mah urang lelemburan bae nya” walon manehna bari ngetrukeun rokona kana asbak sangkan sekarna murag. Kuring molohok sakedapan.

“Mangga atuh Kang calik ulah ngadeg bae bilih ngarambat, abdi mah tatadi ge tos yakin pisan yen nu nuju cacamuilan payuneun meja abdi teh pasti Kang Ya, ngan bade naros teh ke heula rek didagoan manawi Akang sidik ka abdi”. Kuring pindah meja, diuk sameja jeung Ginarsih, cai enteh nu geus disayagikeun ku pelayan dipindahkeun ka meja manehna.

“Teu sawios nya abdi bari nyesep, manawi Akang mah masih teu kenal kana roko nya? tapi pami nyandak roko Korea mah cik nyobian abdi sabatang mah”. Kuring ukur mesem. Lain teu kungsi kana ngaroko teh, kungsi eta ge ngaroko ngagaya siga babaturan, tapi teuing ku teu ngeunah atuh ceuk kuring mah ngaroko teh, enya ngeunah keur nyeuseupna mah, tapi letah sok asa pararait mun rengse ngaroko teh, nu matak mending eureun bae ah ngaroko teh.

“Kumaha Kang betah di Korea teh? Parantos lami? Sarengsena ti Skotlandia teh teras langsung ka Korea atawa ka mana heula?”

”Nyeta betah Gin, saleresna mah kieu, rengse program posdok di Skotlandia teh Kang Ya kantos ka Berkeley deui, mung sakedap mung genep sasih teras reureuh di lembur sasasih campleng waktos sasih saum, rengse lebaran biur ka Seoul dugi ka ayeuna, nya kirang langkung tos tujuh taun jalan. Ke, dupi Ginarsih terang ka akang di Korea timana? Sareng rengse sakola di Universitas Glasgow teh teras kamana?”

”Terang atuh, panan kantos nonton na TV, na acara Sosok Minggu Ini, hebat lah, wilujeng nya. Abdi mah Kang rengse sakola teh teras damel di Indonesia, tapi ulah-alih, malah kantos janten dosen sagala, tapi ayeuna mah damel di IndoCosmetics, perusahaan kosmetik milik bangsa urang anu nuju nanjeur, abdi cepeng damel bagean promosi, nya kujalaran promosi ieu abdi ka Bangkok maksad bade promosi produk-produk IndoCosmetics tea, mung hanjakal Kang kinten-kinten tabuh sapuluh abdi kedah tos hiber deui ka Manila, Akang sumping dina poe abdi mios, naha teu nyambung bae nya Kang?” Ginarsih nyeuleukeuteuk anger siga baheula, rangu halimpu.

”Dupi Akang anger keneh nalungtik nu laleutik, nu teu katenjo ku panon langsung?”

"Masih atuh panan eta mah widang Akang“

”Nalungtik naon Kang ayeuna?”

”Antimikroba tina bahan tutuwuhan obat”

”Sampelna ti Indonesia Kang?”

”Leres”

”Kade Kang patenna kedah diurus nu bener, kedah nu aya manfaatna keur bangsa urang, karunya atuh bangsa urang teh ulah dikekeak jadi pasar wungkul, ulah jadi tukang meuli wungkul kedah janten produsen, kedah jadi nu ngajual” Ginarsih bangun nu serieus.

”Nyeta panan Akang keur ngainternasionalkeun koneng gede sangkan kawentar siga ginseng”

”Hade Kang, aya tah hasil enggal tina koneng gede nu aya patula-patalina sareng kosmetik atawa kasehatan buuk?” Ginarsih beuki daria.

”Nu matak Akang ka dieu ge, Akang teh diondang ku panitia seminar Natural Product pikeun jadi pembicara, akang rek presentasi ngeunaan kasiat koneng gede, salah sahijina pikeun ngubaran totombe”

”Baruk koneng gede tiasa ngubaran totombe? Kumaha tah Kang ketakna koneng gede teh?”

”Dina koneng gede aya hiji zat aktif nu disebut xanthorrhizol, tah numutkeun hasil panalungtikan akang, si xanthorrhizol teh bisa maehan Malassezia furfur, hiji mikroba nu nyababkeun totombe tea”.

”Baruk Kang, janten koneng gede teh sanes keur nyekok wungkul atuh nya?”

Teu karasa ngobrol uplek, wanci sarapan geus beak, kuring kudu ninggalkeun ruang sarapan. Hanjakal pisan obrolan kapegat. Ginarsih ngeukeuweuk leungeun kuring bangun nu narah papisah, malah celengok nyium sagala. Manehna pamitan, kuring molohok.

***

Ginarsih anger Ginarsih nu baheula, nu rindatna ngoyagkeun dada, nu imutna matak mincut, nu seurina teuing ku nyari, sakapeung sok nyeuleukeuteuk matak nineung, sorana teuing ku rangu halimpu. Memang ayeuna mah geus umuran, mun teu salah kurang leuwih tilu puluh dalapan taunan, tapi anger ngora kasawangna. Wawuh jeung Ginarsih tina milis pelajar Indonesia di Skotlandia, gorehel manggihan urang Sunda asal Soreang puguh bae atoh mah, teu rek atoh kumaha panan langka pisan urang Sunda nu lampar ngadon sakola komo bari wanoja mah, lolobana sok ti seler kaler. Sihoreng Ginarsih teh mahasiswa pascasarjana Universitas Glasgow, teu pati jauh ti Edinburgh mah, lalakon kurang ti dua jam kana beus.

Tina milis pindah kana jalur pribadi, japri tea, ngeunah bisa nulis ku basa sunda, tina japri luncat jadi resep ceting, sakapeung sok nelepon, ngobrol ngaler-ngidul. Tug nepi ka dina hiji waktu nyieun janji pasini bakal tepung di St. Andrews. Ngahaja henteu janji papanggih di Edinburgh atawa di Glasgow, maksud sangkan bari ulin, ngalanglang Universitas St. Andrews. Boga karesep sarua, ulin nincak paguron anu salohor, asa reueus mun pareng bisa dipotret hareupeun lawang saketeng hiji paguron sohor. Pajonghok patepung teuteup di St. Andrews, kopi darat tea disebutna, kuring nu leuwih kaget sabab ningan mojang Pasundan urang Soreang teh kacida geulisna jeung mahasiswa program doktor deuih. Ngobrol teh teuing ku kaku, beda pisan jeung dina cetingan, sigana pedah paadu hareup, hese ngedalkeun ucap. Tapi lila-lila mah biasa oge, malah bisa bari humor. Kuralang-kuriling, ngurilingan paguron dibarung ku ngobrol, jepret deui jepret deui, teuing geus beak sabaraha rol, harita mah can pati usum kamera digital.


Hujan angin gede naker, teu beunang dihihilian, harita keur ngalanglang kota St. Andrews, antukna asup ka ”Bed and Breakfirst”, istilah pikeun imah anu kamarna bisa disewakeun ka para tamu, beda jeung motel, ieu mah imah biasa, dalah nu boga imah nage cicingna didinya, disebut ”Bed and Breakfirst” pedah eta nyadiakeun tempat sare jeung sarapan isuk. Hargana kaasup murah ngan 18 pound kira-kira 300 rewuan sapeuting. Nyaan garede jeung harade imah-imah di Skotlandia mah, jaba pakarangannana lalega deuih nu dilengkepan ku sarupaning kekembangan utamana kembang eros nu warna-warni.

Korejat hudang, kahudangkeun ku sora anu keketrok nitah sarapan, diuk sakedapan dina pangsarean, ret kana jam nu naplok na tembok, ampir jam sapuluh. Awak dibakutet ku simbut, rumasa teu make papakean sanajan saheulay oge. Pakean kuring pabalatak, calana panjang nambru dina tehel, kaos jero jeung kameja ngalumbuk dina tungtung pangsarean, calana jero teuing kabalangkeun kamana, can kapaluri. Pangsarean acak-acakan seprena nyinglid sawareh. Kamana ari Ginarsih? Naha suwung euweuh gigireun sare? Boa keur di kamar mandi, tapi teu kadenge sora cai, simpe, rurat-reret, aya keretas dilipet dina meja, geuwat dijewang, dibuka terus dibaca:

St. Andrews, 26 Agustus 1998.
Kang Ya,

Nuhun nya, nyata kang Ya teh lalaki lalanang jagat. Punten abdi wangsul ti payun ka Glasgow margi seueur tugas nu teuacan kungsi karengsekeun, omat ulah miceun nya ka abdi. Jaga urang tepang deui manawi pareng. Duka dimana sareng iraha. Cag.

Baktos,

Ginarsih Rumpakacinta


Keretas dibaca sakali deui, eusina anger teu robah, dilipetkeun deui sup disempilkeun kana dompet. Leng mikir sakeudeung, nginget-nginget nu geus ka alaman peuting tadi. Sruk kuring nyuuh kana bantal, Gustiiiiiiiiiii....Nu Agung hapunten abdi. Raray Ema di lembur kagambar siga nu ngananaha, siga nu nutunjuk majar kuring teu bisa ngajaga diri, nyaan kuring ayeuna geus lain lalaki beresih. Anya nu nyelek tina dada kana tikoro, nyurung burialna cipanon, segruk kuring ceurik, handeueul tara tiheula, kuring rumasa jalma gede ku dosa, geus ngarumpak nu sakuduna teu meunang waka dilakonan, kuring ilang acining lalaki langit. Jung nangtung, anger dibakutet simbut, naha kuring make kudu dibungkus simbut, ningan peuting buligir teu ketir, taranjang taya kapantrang, bru simbut ditambrukeun na tehel, maksakeun muru kamar mandi, aya kaca ngajeblag, awak sabeuleugeunjeur atra katingal. Ngadak-ngadak jadi ijid kana raga sorangan, geuleuh ningali beungeut, cua kana dada, rujit kana pakulitan. Brus mandi, teuing ku lila, hayang beresih hayang siga samemeh tadi peuting.

Ti harita kuring teu kungsi panggih deui jeung Ginarsih, dina milis manehna ngaleungit, ditelepon ukur meunang jawaban yen nomer teleponna geus lain nu Ginarsih, ceting tara ieuh males, kuring beuki bingung, ngarasa tengtrem soteh sanggeus kuring narima surat nu teu make alamat si pengirim, eusina:

Glasgow, 26 Oktober 1998.
Kang Ya,

Ulah hariwang ka abdi, panan ieu mah hadas duaan, omat Akang ulah ngaraossalah sorangan, tangtos bae abdi ge ngiring tanggel waler. Abdi moal ngeurad Akang, Akang bebas sacara bihari samemeh urang sare di St. Andrews. Do’akeun nya abdi nuju ngarengsekeun disertasi hayang geura-geura meunang doktor. Cag.

Baktos,

Ginarsih Rumpakacinta


Ayeuna kuring pajonghok deui di dieu, di Bangkok, teu disangka-sangka, ngan hanjakal poe ieu teh pikeun manehna mah poe panungtung. Manehna geus ngabiur ka bandara, cenah rek kebat bangblas ka Manila pikeun promosi produk-produk kosmetik perusahaan tempat gawena.

”Lalagasan abdi mah, heup ah abdi mah moal urusan deui jeung jalu, seueur hanjeluna, mending soson-soson kana gawe abdi mah, rek neangan duit sing loba, karunya di Cikancung Soreang seueur barudak nu parugag sakola”

Lebar teuing nu geulis Ginarsih lamun enya tea mah lalagasan keneh, naha can kungsi kawin atawa randa? Teu kungsi kapaluruh, asa-asa rek nanya teh sok sieun disebut kurang sopan. Tapi naha kuring mang lebarkeun, panan kabagjaan hiji jalma mah henteu bisa digambarkeun ku renggenekna rumah tangga, loba nu lalagasan tapi hirupna bagja, bisa ngajalankeun progam-program hirupna sangkan aya gunana. Teu saeutik deuih jalma nu rumah tangga tapi sakeser daun gawe ngan parasea, awet rajet, bagja teuing dimana boa. Aya salaki nu nyolowedor, nu judi, nu ligeuh teu boga gawe, tapi bisa nyandung dua-tiluna, budak gubrag diditu-didieu, teu kaurus teu kaparaban. Oge loba naker pamajikan nu minculak, nirca leupas tina tali gadang. Sakapeung teuing ku teu kaharti, ka jalma nu cruk-crek gunta-ganti salaki atawa pamajikan disebutna jalma normal, paribasa etateh tandana normal, padahal anak reuay katalangsara, randa duda patulayah. Tapi naha ari ka jalma nu lalagasan, nu teu kungsi kawin, boh ka lalaki boh ka awewe, pajarkeun jomblo kudu diubaran, majarkeun boa-boa, padahal jelas-jelas teu nyangsarakeun batur, malah loba tutulungna pikeun jalma balarea. Anger dianggap can sampurna lamun can kungsi mendeko hareupeun panghulu, padahal naon salahna jalma nu lalagasan?

Kriiiing.......sora telepon disada, tarik pisan bubuhan ayana di gigireun kuring nu keur diuk mencrong guluyurna parahu di Chao Praya, gagang telepon diangkat dideukeutkeun kana ceuli.

”Hallo friend, please come down, we are ready to guide you for sight seeing around Bangkok, come on friend, we are in the lobby” jelas sora si Chatchai. Kuring gura-giru nantung, gap kana topi jeung kamera, belenyeng lumpat. Dina lift sakali deui beungeut Ginarsih kaimpleng.


Bangkok, 17 Oktober 2005.

2 Comments:

At 10:04 AM, Anonymous Anonymous said...

Wilujeng tepang Kang. Abdi sering maca carpon kagungan. Kumaha honorna lancar? He..he..naros soteh pedah abdi mah dianjuk sababraha kali dugi ka ayeuna :-) Memang teu ageung, namung asa teu dihargaan pisan.. Matak kapok, mung henteu we cadu mah nyerat di mangle. Punten ah, naha janten curhat nya?

 
At 7:34 PM, Anonymous Anonymous said...

Muhun kang Tata mah kadon curhat...?

 

Post a Comment

<< Home