Wednesday, December 13, 2006

Sanggeus Ibu Ngantunkeun

Mangle No. 2060
hal. 34-36
Kaping terbit:
31 Maret-5 April 2006

Carpon:
Kang Ya

===============

Wanci sareupna kakara nepi ka imah, sanajan jam kantor ngan nepi ka jam opat sore, jeung teu jauh deuih kantor teh ngan ukur lebah Balubur, tapi naha teuing ku lila nepi ka imah teh jeung asa cape naker. Sakadang macet nu jadi sababna mah, macet ti mimiti simpang Balubur keneh, ti barang kaluar ti kantor. Leok mengkol ka jalan Tamansari, lebah simpangan ka Ganesa geus macet deui bae, loba angkot nu eureun ngetem ngadagoan panumpang nu baralik ti Kebon Binatang atawa ngan sakadar ulin di taman Ganesa, mahasiwa jeung pagawe ITB. Cenah kana motor mah babari seseleket, enya meureun keur lalaki mah kitu, tapi keur kuring mah kararagok, jaba sakapeung sok sieun disogot sungut kuda deuih lebah dinya teh, maklum loba kuda sewakeuneun pikeun jalan-jalan. Enya rieut lah Bandung teh ayeuna mah, identik jeung macet, macet-suracet di mamana jeung iraha bae anger macet, sigana ngan wanci janari leutik meureun nu teu macet teh.

Lolos ti simpangan Ganesa jeung Kebon Binatang, rada bangblas saeutik, tapi barang sup ka simpangan Dayang Sumbi, geus macet deui bae, komo lebah urut rumah makan Babakan Siliwangi mah, Gusti nu Agung na macet mani kacida-cida teuing. Asrog-asrog saeutik-saeutik, jaba lapar, jaba haseup patali marga, jaba kekebul taneuh garing, can nu nawaran cai akua jeung roko, padagang asong geus teu di simpangan jalan deui ieu mah ranyong bae sapanjang jalan. Nepi ku nepina ka lebah Gandok, didieu mah komo mugen pisan, beu teu maju pisan, papada embung eleh boh nu ti tonggoh nu ti Ciumbuleuit, boh nu ti Cihampelas oge nu ti Babakan Siliwangi siga kuring, kabeh embung eleh, jeung deui eta angkot naha bet ngetem lebah jajalaneun ka Cihampelas, can nu dagang minuhan trotoar, pusing lieur, kacida yeuh Bandung teh, lain bae heurin ku tangtung tapi heurin ku sagala.

”Cahem-Ledeng....Cahem-Ledeng” sora kenek jeung supirna patembalan, sigana urang Batak da nyebut Cicaheum nage Cahem lain Caheum.

Sabar, sabar ulah gede ambek, kudu ngawayahnakeun, keun bae itung-itung latihan kasabaran. Antukna bisa oge ngaliwatan simpangan Gandok, euh....Gusti Nu Agung lebah kampus Unpar geus macet deui bae, bubaran kuliah jeung kantorna. Pusing ari geus kieu teh serba salah, naek angkot macet kalahka cangkeul bujur, kana motor siga ayeuna sami mawon bae hese maju, leumpang bae kitu, ah cape atuh jaba nanjak, jeung rek dikamanakeun ieu motor. Barina oge ieu teh jaman merdeka, jaman kamajuan naha make kudu leumpang sagala. Leumpang mah jamanna aki kuring, aki Enjon, cenah mun rek ka Pasar Baru teh nikreuh leumpang lempeng ti Rancabentang ka jalan Ciumbuleuit terus ka Gandok, terus mapay jalan Cihampelas, saterusna malibir ka pabrik kina, bras ka Cicendo, meuntas erel kareta, jog bae anjog ka Pasar Baru. Pira ge Balubur-Rancabentang ari keur keuna ku macet naha mani kudu ngalalakonan leuwih kana sajamna, padahal mun keur lancar mah ngan ukur sapuluh atawa lima welas menit.

Motor ditungtung ka parangan saterusna diunggahkeun kana teras, kakara ge ngonci motor, torojol teh Yayah rencang kulawarga kuring nu satia mani hariweusweus.

”Teh Teti, hapunten, ulah kirang ngahapunten abdi teu tiasa ngajaga barang kagungan Ibu, hapunten pisan” pokna.

”Naon ieu teh Yayah, mani hariweusweus, ke atuh Teteh teh cape keneh kakara ge datang”

”Hapunten Teteh” Yayah ngelemes.

Yayah teh rencang kulawarga kuring anu satia, umurna pakokolot supa jeung kuring. Kuring baheula diasuh ku indungna, Bi Ramsih. Sanggeus Bi Ramsih taya dikieuna, Yayah ngilu jeung kulawarga kuring, sabenerna mah henteu dianggap rencang ketang, dianggap anggota kulawarga bae, da enya asa ka dulur, dalah ku kolot kuring Yayah teh disakolakeun nepikeun ka lulus SMEA.

”Bade ngaleueut naon Teteh, cai es?” manehna nanya deui.

”Maenya cai es sakieu sareupna, hayang ge Teteh mah cai teh haneut, aya?”

Belenyeng Yayah lumpat ka dapur, panggih deui dipatengahan manehna nanggeuy sagelas cai teh haneut dina baki. Sanggeus ditampanan regot saeutik-saeutik diinum bari ditiupan. Yayah diuk na korsi hareupeun kuring. Sanggeus rada reureuh pok kuring nanya:

”Naon Yayah, aya naon pok caritakeun”

”Kieu geura Teteh, tadi enjing kinten-kinten tabuh sawelas, waktos abdi nuju nyampay-nyampaykeun popoean. Ua Eulis sumping nyuhunkeun boboko enggal kagungan jenatna Ibu. Saur abdi teh teu terang dimana nyimpenna oge, aya ge boboko biasa nu sadidinten dianggo sangu, da saleresna teu terang atuh Teteh. Tapi Ua Eulis kalah teras lebet ka goah, teu lami kaluar deui bari ngajinjing boboko, muhun boboko enggal anu teu kantos dianggo ku jenatna Ibu, boboko anu aya tutupan tea Teteh, boboko anu candak jenatna Ibu waktos nyaba ka Tasik” ceuk Yayah mani serieus.

Kuring ngahuleng sakeudeung, baruk bet aya boboko anyar di goah, cenah ceuk Yayah mah aya dua deui. Sibuk tuda, boro-boro laha-loho ka goah teu apal, enya eta ge kungsi Ibu nyarios cenah meunang boboko ti Tasik mani gareulis, tapi da teu kungsi ningali. Eta Ua Eulis mani apal nundana, mani apal disimpen di goah, tapi sigana mah teu rek apal kumaha da sadidinten sok idek liher di imah jeung Ibu, enya Ua Eulis teh lanceukna Ibu pituin anu cikal. Can karoris kabeh barang Ibu teh, kakara kitu bae papakean jeung perhiasan, pakepuk urusan administrasi di kantor loba mahasiswa S3 anu rek arujian, ari tanaga administrasi ngan ukur kuring, atuh sagala dipigawe, ti mimiti nyieun surat ondangan jeung memperbanyak abstrak disertasi, nepi ka konsumsi-konsumsina.

”Yayah, ke ari Apa kamana?”

”Bapa mah tadi tabuh lima tos angkat ka Masjid, saurna pami Teteh bade tuang wengi mah ulah ngantosan Bapa, margi Bapa mah bade teras amengan ka Cisatu, duka kasaha teu nyebatkeun” walon Yayah.

Emh, hawatos ku Apa, sanggeus dikantun ku Ibu, anjeunna unggal wengi sarengsena shalat isa tara enggal-enggal mulih tapi sok nguruling nyemah ka sobat-sobatna atawa ka baraya jauh. Sigana Apa teh ngaraos sepi di bumi mah, teu rek sepi kumaha di imah ngan ukur kuring numasih keneh lalagasan jeung katilu Yayah. Adi kuring, Aden, nu ngarunghal kuring, manehna geus rarabi ka urang Subang, geus imah-imah sorangan di Subang di lembur pamajikanana. Rek lahlahan nyarios ka Apa sangkan ngemut deui piistrieun da pantes keneh atuh kakara ge genep puluh dua taun, sangkan Apa teu nguluwut teuing, sangkan Apa aya batur. Tapi teu wasa rek nyarita teh, asa-asa, sok sieun malah ngajaheutkeun manahna, enya tuda kakara ge dua poe kaliwat opat puluh dintenna Ibu, Ibu ngantunkeun alatan komplikasi jantung. Rengse sholat magrib kuring dahar jeung Yayah, enya asa cawerang dahar teh taya Ibu mah, sasarinamah sok bareng jeung Ibu, jeung Apa, ari ieu ngan ukur dibaturan Yayah.

”Yayah, ari balendrang aya keneh?” teuing ku kabeuki kuring mah kana balendrang teh. Enya balendrang sesa tumis urut hajat opat puluh dintenna Ibu.

”Nyeta Teteh, panan tadi bada lohor aya Ua Epon, saurna nyuhunkeun rencang sangu kanggo Cep Endat nu nembe wangsul ti sakola, anjeunna kakaratak kana lomari makan Teteh. Saurna nyuhunkeun goreng kere, gepuk sareng balendrang. Eta ge ku abdi kantos diwagel, cekeng teh Ua eta balendrang mah kalandep Teh Teti, tapi saurna ah maenya Teti murak keneh balendrang arek ge KFC atawa Hoka-Hoka Bento, tah kitu saurna teh Teteh”

”Har naha, paingan atuh ieu goreng kere jeung gepuk ngan ukur tinggal dua keureut deui, ari sugan teh ku Yayah atawa ku Apa dituang”

Asa ku wararani geuningan sanggeus Ibu ngantunkeun teh, bongan enya kabeh dulur ngariung di Rancabentang, imah teu sirikna paadek hateup. Harianeun eta Ua Epon mani sagala diringkid ceuk paribasana tumis garing ge dipenta. Geus puguheun kana papakean Ibu, ti mimiti sinjang, juping, kerudung, dalah kaway jeung lancingan lebet anu sarae keneh mah kabeh ge geus dibagikeun walatra ka wargi-wargina Ibu, kuring mah ngan ngampihan sasetel pikeun kenang-kenangan. Lain teu hayang make anggoan tilas Ibu, ngan nyaeta panan jenat Ibu mah bayuhyuh, ari kuring begeng kerempeng. Dahar teh teu pati gede sanajan lapar, enya tuda kaganggu ku kalakuan Ua-Ua mani asa wararani pisan sanggeus Ibu taya dikieuna teh.

***

Kakara ge rek jung pisan indit, hayang isuk keneh hayang jam genep sugan meh teu macet ka kantor teh, tapi jol teh Ua Oya.

”Tet, dagoan heula sakeudeung”

”Eh Ua, wilujeng enjing Ua”

“Tet, ieuh Ua mah rek balaka bae ka Teti, moal nyokot mangsa Teti euweuh, Ua mah hayang kasaksian ku Teti mawana”

“Naon tea Ua ieu teh?”

“Enya boboko tea, maenya Ceu Eulis geus ngabogaan ari Ua henteu, kade ulah pilih kasih da sarua lanceukna jenatna Ibu, cenah lain aya dua deui? Ua menta hiji, da moal burung teu dibikeun ku jenatna Ibu ge”

“Har, Ua sanes pilih kasih, dalah abdi mah bobokona ge teu acan kantos ningal-ningal acan, mangga teh teuing aya mah, mangga suhunkeun ka Yayah da aya di pengker, abdi mah bade ka kantor, sieun kapegat ku macet, mangga bae tepangan Yayah”

”Nuhun atuh Tet, jung rek ka kantor mah, kade sing ati-ati nya” Ua Oya bangun nu atoh manehna ngajujug ka lawang dapur, biur kuring indit gagancangan. Naha atuh kakara ge rek leok mengkol ka jalan Ciumbuleuit, Ua Encum gegerewekan, sigana balik ti warung tah Ua Encum teh.

”Tet, eureun heula Tet, Ua aya perlu sakeudeung bae”

Reg motor dieureunkeun, geus panggih deui bae jeung Ua, enya tuda jenatna Ibu kagungan lanceuk opat kabeh istri sadayana, da nu pamegetmah kabeh rai-rai Ibu, opat deuih, ngan Emang-Emang mah kabeh ngalumbara, rajeun aya nu di Bandung ge jauh di Bale Endah.

”Aya naon Ua?”

”Tet, ke ari sepre jenat Ibu anu kenging ngagaleuh ti Jogja waktos jenatna Ibu piknik ka Jogja aya keneh?”

”Tangtos bae aya mah Ua”

“Tah dimana ayeuna barangna Tet?”

Memeh ngajawab kuring mikir heula, sigana si Ua Encum rek menta sepre yeuh, Gusti nu Agung naha mani ngorobokan kabeh, euweuh nu sahulueun hijige, kabeh hayang barang jenatna Ibu, teu mikir ka kuring anakna, atuh eta deuih ka Apa, panan Apa aya keneh.

”Ua, sepre sareng perhiasan mah disimpen ku Apa, abdimah teu terang nyimpenna, mangga bae taroskeun ka Apa, ayeuna nuju di Masjid keneh rupina mah, da tadi memeh adzan subuh angkatna teh, tah engke mulihna sok wanci haneut moyan, wanci neda enjing.” Sugan bae atuh ari dibejakeun disimpen ku Apa mah moal hayoh bae natanyakeun, maenya teu era ku si Apa, da dihenteu-henteu oge deungeun-deungeun.

”Euleuh kitu nya Tet, nya teu sawios atuh, satadina manawi teh ku Teti rek dipasihkeun ka Ua” si Ua teu euleum-euleum.

Biur kuring indit deui bangblas di jalan Ciumbuleuit, ngeunah can macet, tapi lebah Gandok mah anger bae sanajan kakara satengah tujuh isuk ge geus macet. Mengkol ka jalan Babakan Siliwangi, macet saeutik palebah simpang Ganesa, sup ka kantor lebah Balubur, jam tujuh teng. Sepi keneh, da kantor teh bukana jam dalapan atuh, ah mening ge nundutan di kantor ti batan mugen macet mah. Beres ninyuh kopi gek diuk, bet inget deui kana kalakuan lanceuk-lanceuk Ibu, ngadon pahibut ngorobokan barang jenatna Ibu. Enya teu pira ngan ukur boboko, samak, ayakan, atawa dahareun jeung sajabana. Tapi panan kuring ge butuh keneh atuh nu kararitu teh, da kuring ge resep keneh nunda sangu dina boboko, jeung panan Apa aya keneh, kumaha mun engke Apa kaparengkeun boga deui pamajikan, maenya kudu sagala meuli deui mah.

Kamari Ua Eulis menta boboko bari maksa, enya satengah maok, da kuring mah teu ningali mawana oge, tapi najan kitu pek teh teuing moal burung diridokeun, hade goreng ge dulur jenatna Ibu, sasatna Ua kuring sorangan. Atuh kitu deuih Ua Epon nu sok wani pisan kakaratak kana lomari makan, dalah kana pabetekan wadah sumuru-samara ge Ua Epon mah wani pisan, teu nyaho bawang sasihung, cengek dua siki, najan tarasi sakeureut ge ari keur butuh mah sok dirarad. Sakapeung sok hayang seuri puguh ge, teu ngari sesa tumis, ungan-angeun, dalah huhuluan oge sok dicandak pajahkeun teh nyaah keur ucing. Ari tabeatna Ua Oya, sok rajeun nalengteng nanaroskeun naha mere naon kasi Ua Anu atawa ka Ua Anu, bangun sieun pisan anu kaliwat, padahal sagala sok dipupujuhkeun, komo waktos Ibu jumeneng keneh mah mun barang-bere teh sok diheulakeun, karunya cenah Ua Oya mah kudu diheulakeun sabab sok rada belikan. Ua Encum tara pati puntu-penta kana dahareun mah, ngan eta pari basa, geus teu gaduh kedurung, sendal pegat, atawa kabaya geus lalayu sekar, dasar jenatna Ibu sagala asih sagala sok dibikeun, geus puguh ari duit mah, ceuk paribasana kabeh suan anu masih keneh sakola di sd, smp atawa smu mah sok dibekelan atawa dalah sppna ge sakapeung sok dibayar ku Ibu.

Ningali kana kaayaan milik dulur-dulur Ibu atawa palaputra Aki Enjon-Nini Jumsih, enya diantara nu awewe mah ngan Ibu nu hirupna bisa disebutkeun leuwih ti cukup teh, lanceuk-lanceukna mah nya kitu tea wae ngan ukur cukup kakapeungan lolobana mah sok loba kakurang, nya ka Ibu lumpatna teh, untung Apa mah jalmi soleh bageur pisan, tara pisan ngarasula dirongrong ku dulur Ibu teh. Keurmah Apa waktos damelna beunang disebutkeun boga kadudukan, dalah Ibu ge panan mantan kapala sakola smu. Katambah deuih anakna ngan ukur dua, enya kuring jeung si Aden adi kuring. Sedengkeun Ua-Ua, aya nu salapan seperti Ua Eulis, Ua Epon mah komo mani ngawelas, enya sawelas, Ua Oya mah saleuheung ngan genep, kitu ge ketah nu aya, da nu maotna ge aya kana duana. Ua Encum mah gaduh tujuh, mangkaning aya nu leutik keneh. Beda jeung rai-raina Ibu, Emang-Emang sasatna, kabeh nu opat teh hirupna harurip, tambah-tambah teu laloba anak, ngan ukur dua atawa hiji. Nu matak waktos Ibu ngantunkeun teh, Ua-Ua bangun siga nu kanyenyerian, ceurikna ge mani jentre ”Ratniiiiii.....kumaha atuh Euceu, naha waka ninggalkeun Ratniiiii......”.

Sakapeng sok boga rasa goreng hate, sedih soteh meureun, ceurik soteh meureun, lain ku tilarna Ibu, tapi ku leungitna jalma nu asih, nu sok nyaah, nu sok barangbere, jadi sedih euweuh panglumpatan lamun boga ka kurang. Na asa ku egois teuing, lain kumaha nu maot, ieu mah kalah kumaha maranehna, geus puguh maranehna mah masih harirup keneh, masih bisa ihtiar. Tapi kuring sok buru-buru istigfar, sok emut kana kasauran Ibu: ”Rejeki aranjeunna eta teh Tet, ngan ngaliwatan leungeun urang, urang kudu rido mikeunna”. Kasauran Ibu anger jadi pangeling ka kuring, kusabab eta mangga teuing boh boboko, boh dahareun, boh barang sejen sadayana, kuring rido, pamugi sing enggal kagantian, da panan rejeki mah tara salah sok datang kanu hakna.

”Hoyah Bu Teti ngalamun euy, jam sabaraha sumping mani rajin?” Sora Ibu Nunung batur saruangan. Geuningan enggeus ampir jam dalapan, jam mimiti digawe, banget teuing ngalamun teu kadenge sorana waktu Bu Nunung mukakeun panto kantor, jol geus aya di jero.


Tungtung Seoul: Salasa, 1 November 2005. Panineungan Ciumbuleuit.

0 Comments:

Post a Comment

<< Home